PKM FISIP Unpas Bandung Ngarojong Kamekaran Rumah Madu di Cihanjuang KBB

- 29 Agustus 2023, 15:37 WIB
PKM FISIP Unpas Bandung ngusahakeun sangkan Rumah Madu di Cihanjuang Rahayu, Kabupaten Bandung Barat (KBB) leuwih maju jeung mibanda legalitas.
PKM FISIP Unpas Bandung ngusahakeun sangkan Rumah Madu di Cihanjuang Rahayu, Kabupaten Bandung Barat (KBB) leuwih maju jeung mibanda legalitas. /Cecep Ks/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Tim PKM FISIP Unpas Bandung, Dr. Heri Erlangga, S.Sos., M.Pd jeung Dr. Ida Hindarsah, M.Si., ngadongdon Rumah Madu di Jalan Manglayang No M 28, Cihanjuang Rahayu, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat (KBB), Kemis (17/08/2023).

Ceuk Heri Erlangga lian ti silaturahmi, PKM FISIP Unpas Bandung ka Rumah Madu di Cihanjuang KBB teh keur nyalusur bangbaluh nu karandapan ku patani jeung peternak madu lokal.

“Ngimeutan produksi Rumah Madu di Cihanjuang, potensi usahana baris aya kamajuan, baris nanjeur, “ ceuk Heri Erlangga satutasna FKM Unpas Bandung nitenan jeung ngawangkong jeung nu ngokalakeun Ruma Madu di Cihanjuang KBB.

Baca Juga: Warung Mang Engkus di Panawangan Ciamis Medalkeun Sarjana UPI Bandung

Rumah Madu teh pausahaan nu nusahana kana madu jeung nyieunan herba­ruqyah katut herbal umumna. Distribusi usahana salila ieu, ngaliwatan online, ofline, IG, agen, Shopie, Lazada, eceran, komunitas herbal jeung media promosi sejenna.

Direktur Rumah Madu, Indra Budi Darmawan, nyebutkeun, bangbaluh nu krusial nyoko kana masarkeun prodak jeung modal. “Masarkeunna tos di sakuliah nusantara, ngan suplay pasar normal mah nembe di daerah NTT, Sumatra, Kalimantan, Jawa sareng daerah nu sanesna,” pokna.

Madu Akasia, produk Rumah Madu nu paling dipikalandep ku masarakat. Kaonjoyan madu Akasia, ceuk Indra, ngarangsang metabolisme jeung nurunkeun beuratna awak, mampu oge maehan bakteri nu aya dina sakujur awak.

Lian ti madu murni, ceuk Indra, pihakna oge nyieun produk kapsul bidaraplus, habbatplus, kcd, madu umi, madu Superhealing, honey drop, inhaler jeung sajabana.

Baca Juga: Desa Wisata Bantaragung Kabupaten Majalengka Juara 2 ADWI 2023 Kategori Digital dan Konten Kreatif

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x