Ahir Taun 2023, Kabupaten Bandung Ngadegkeun RSUD Bedas Pacira di Ciwidey

- 26 Agustus 2023, 07:00 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna. Ahir taun 2023, Kabupaten Bandung bakal ngadegkeun RSUD Bedas Pacira di Ciwidey.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna. Ahir taun 2023, Kabupaten Bandung bakal ngadegkeun RSUD Bedas Pacira di Ciwidey. /galura.co.id/Sopandi

GALURA. CO.ID -Pamarentah Kabupaten Bandung, ahir taun 2023 rèk ngawangun Rumah Sakit Umum Daerah Bedas Pacira (RSUD Bedas Pacira) di Kecamatan Ciwidey.

Ditargètkeun dina taun 2024 RSUD Bedas Pacira geus karasa mangpaatma ku masyarakat Kecamatan Pasirjambu, Ciwidey, jeung Rancabali (Pacira).

Ngawangun RSUD Bedas Pacira dimimitian ku proses 'cut and fill' tur ngararata lahan. Ieu RSUD bagèan tina program prioritas Bupati Bandung Dadang Supriatna, ti lima RSUD nu rencanana bakal diwangun di Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Di Antarana MIbanda ADM, dina Adminduk Disdukcapil Kabupaten Bandung Pinunjul ka 2 Katagori Penduduk Besar

Bupati Bandung dibarengan Kabag Pengadaan Barang dan Jasa Setda Kabupaten Bandung, M Ridwan nètèlakeun, moal lila deuin pihakna baris ngagelar tènder keur ngadegkeun RSUD Bedas Pacira.

Bupati Bandung nargètkeun proyek cut and fill jeung kasiapan lahan rèngsè samèmèh ahir taun ayeuna. Pemkab Bandung ogè ngarèncanakeun tènder konstruksi atawa ngawangun fisik RSUD Bedas Pacira nu harkatna Rp31 milyar.

"Di awal taun 2024, tos ngawitan ngawangun fisik RSUD Bedas Pacira. Insya Allah elatna sasih Agustus taun payun tos tiasa dianggo," ceuk Dadang Supriatna di Kompleks Pemkab Bandung, Juma'ah (25/8/2023).

Dadang Supriatna, miharep ayana RSUD Bedas Pacira bisa dirasakeun mangpaatna ku masyarakat di wilayah Pacira katut sabudeureunana. "Engkè masarakat Pacira mun bade uubar teu kedah angkat tebih-tebih," pokna..

RSUD Bedas Pacira, ceuk Dadang Supriatna komitmenn dirina ka masarakat Kabupaten Bandung nyadiakeun pangaladen dina widang kasehatan nu walatra.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x