Kadis PUTR Kabupaten Bandung Yakineun Target PAD tina PBG Rp25 Milyar Kacumponan

- 22 Agustus 2023, 14:52 WIB
Kadis PUTR Kabupaten Bandung  Dr. Ir. Zeis Zultaqawa ST.,MM nyakineun targèt PAD tina PBG bakal kahontal.
Kadis PUTR Kabupaten Bandung Dr. Ir. Zeis Zultaqawa ST.,MM nyakineun targèt PAD tina PBG bakal kahontal. /galura.co.id/Sopandi

GALURA.CO.ID -Taun 2023 Dinas Pekerjaan Umum dan Tata Ruang (PUTR Kabupaten Bandung) nargètkeun Pendapatam Asli Daerah (PAD) tina Persetujuan Bangunan dan Gedung (PBG) Rp 25 Milyar.

Kepala Dinas PUTR Kabupaten Bandung Dr. Ir. Zeis Zultaqawa ST.,MM nyakineun targèt PAD tina PBG bakal kahontal. "Alhamdulillah bulan Agustus 2023 tos kahontal 50 persen. Bakal terus nambihan, di ahir taun 2023, target biasa dugi, " pokna di Soreang, Senen (21/8/2023).

Zeis nyebutkeun, PBG memang salasahiji target PAD nu terus dihangkeutkeun pikeun ningkatkeun kas daerah jang ngawargadan pangwangunan. PUTR Kabupaten Bandung tihothat nyumponan target.

Baca Juga: Moal Bisa Ngelebetkeun deui Merah Putih

Luang keur ngaronjatkeun PAD, ceuk Zeis cukup gedè sajalan jeung ngaronjatna investasi dominan di widang paimahan, jeung dina widang sèjènna.

Ku kituna pihakna terus ngaekpos ka nu ngajukeun PBG turta ngarojong ka patugas operator nu ngaladenana pikeun ngalancarkeun proses PBG di Kabupaten Bandung.

Kepala Bidang PBG PUTR Kabupaten Bandung Maulana Iswidiyanto, BE., SE.
Kepala Bidang PBG PUTR Kabupaten Bandung Maulana Iswidiyanto, BE., SE.

Kepala Bidang PBG PUTR Kabupaten Bandung Maulana Iswidiyanto, BE., SE mertèlakeun, ti mimiti kudu ayana SIM BG geus dibenetuk tim pengawasan dan pengendalian (Wasda) di 31 kecamatan.

Tugasna di lapangan, ngarojong warga nu keur ngawangun sangkan ngusulkeun PBG, sarta mantuan watga di widang teknisna, kaasup gambar bangunan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah