FPK keur Ngipuk Jiwa Kabangsaan, sangkan NKRI Leuwih Nanjung

- 9 November 2023, 14:29 WIB
Ketua FPK Jabar, Hj Popong Otje Djundjunan, keur nepikeun pedaran kabangsaan ka para siswa SMA Pasundan 3 Bandung, Rebo (8/11/2023)).
Ketua FPK Jabar, Hj Popong Otje Djundjunan, keur nepikeun pedaran kabangsaan ka para siswa SMA Pasundan 3 Bandung, Rebo (8/11/2023)). /Cecep KS/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Sosialisasi Pembauran Kebangsaan, nu diiluan ku 100 siswa di lingkungan SMA Pasundan 3 Bandung ceuk Ketua Forum Pembauran Kebangsaan (FPK) Jawa Barat, Dr. Hc. Dra. Hj. Popong Otje Djundjunan, kawilang perlu. Tujuanana, sangkan sakumna siswa didik bisa neuleuman leuwih jauh hartina hirup rukun babarengan dina kabhinekaan.

Ceuk Popong, anu dipalar tina hirup babarengan taya deui siswa nu katerap atawa kapangaruhan ku paham radikalisme katut paham sejen nu teu saluyu jeung ideologi Pancasila.

"Tah, mun di.lingkungan sakola geus aya kamandang nu sarua, adiluhungna wawasan kabangsaan jeung kabinekaan, wangunan pondasi karukunan, agama, ras jeung golongan, jadi sarindek saigel, sabobot sapihanean, moal pakia-kia," pokna.

Baca Juga: HPN 2024, Ngarancang ‘Dialog Kebangsaan’ pikeun 3 Pasangan Capres jeung Cawapres

Ngawangun sistem.pamarentahan, Popong nembrakeun kamandangna, nepi ka ngawujud NKRI jeung prestasi pangwangunanna nu salila ieu dirasakeun mangfaatna ku sakumna warga bangsa, dina seuh-seuhanna ngalibetkeun peran sakumna elemen bangsa.

"Penting, murangkalih sakola, dina fase umur budak ngora nu keur meujeuhna kritis, serba ingin tahu, paham.kana makna perjuangan, faham.kana makna ulaweran getih pahlawan bangsa demi kapentingan ngadeg jeung lestarina nagara urang," pokna.

Parendene kitu, alih generasi, barudak sakola tingkat SMA Pasundan 3 Kota Bandung, nurutkeun Popong, nyatana bagian ti warga bangsa nu baris neruskeun perjuangan jeung karya fenomenal keur kapentingan tumuwuhna nagara Indonesia. "Saban jaman, saban generasi, aya tantangan. Eta proses kahirupan.

“Generasi ayeuna, kumaha carana ngigelan paneka zaman, ngungkulan era digital, pilihan, mana nu hade jeung mana nu taya mangfaat nu ukur hayang ngaruksak karukunan bangsa," pokna.

Mairan, Kepala SMA Pasundan 3 Kota Bandung, Drs. H. Wisma Lesmana, M.M.Pd., Rebo (8/11/2023) rengse acara ka Galura di rohangan gawena, ngeceskeun, kagiatan numuwuhkeun ajen kabangsaan di.lingkungan sakola nu diluluguan ku FPK Jabar, kawilang merenah pisan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x