Audensi PWI Dinkes Kabupaten Bandung Nyawalakeun Ngararancang Rukun Gawè

- 5 Desember 2023, 18:44 WIB
PWI Kabupaten Bandung jeung Dinkes Kabupaten Bandung ngagelar gempungan keur rukun gawe.
PWI Kabupaten Bandung jeung Dinkes Kabupaten Bandung ngagelar gempungan keur rukun gawe. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ketua PWI Kabupaten Bandung, Nung D Susana jeung rèngrèngan pangurus, ngayakeun audensi jeung Kepala Dinas Kesehatan (Dinkes) Kabupaten Bandung, Salasa 5 Desember 2023.

Audensi nyawalakeun rencana jeung program gawé, sakalian ngawanohkeun struktur organisasi PWI Kabupaten Bandung.

Ceuk Nung, Dinkes mibanda saniskara program keur kapentingan masarakat, di antarana mèrè pangladèn kasèhatan nu maksimal jeung ngungkulan stunting di Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Dialog Capres 2024 jeung PWI, Anies Baswedan: ‘Tong Méré Dahareun ka Buzzer’

"Minangka lembaga profesi, PWI sayagi ngarojong sadaya program dame Dinkes. Kantenan, programna kanggo kalumangsubgan hirup warga Kabupaten Bandung," ceuk Nung.

Nung ngajelaskeun, Dinkes Kabupaten Bandung miharep PWI bisa nyurung sakabèh program gawè sangkan sagala informasi nu aya patalina jeung kasèhatan tepi ka masarakat.

"Tangtos, minangka mitra damel pamarètah Kabupaten Bandung, PWI baris ngarojong sadaya informasi kasehatan nu janten program Dinkes tiasa kadugikeun ka masarakat," pokna.

Nung ngajelaskeun, lèngkah bieu pikeun nyurung program punjul pamarèntah Kabupaten Bandung sangkan mangaatna bisa karasa ku masarakat kalawan maksimal.

Audensi dibagèakeun langsung kepala Dinas Kesehatan Kabupaten Bandung Dr Yuli Irnawaty. Pihakna kacida ngapresiasi tarekah nu dilakukeun PWI Kabupaten Bandung.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah