PWI Majalengka Gelar Aksi Sosial Ngagalang Dana Peduli Palestina

- 24 November 2023, 09:04 WIB
PWI Kabupaten Majalengka ngagalang bantuan keur bangsa Palestina, 23 November 2023.
PWI Kabupaten Majalengka ngagalang bantuan keur bangsa Palestina, 23 November 2023. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Majalengka ngagelar aksi solidaritas ngagalang dana bantuan pikeun warga Palestina nu kiwari ngalaman bencana kemanusiaan nu dilakukeun Zionis Israel.

Ketua PWI Kabupaten Majalengka, Pardi Pai Supardi ngungkabkeun, Ieu aksi solidaritas  dilaksanakeun pikeun korban bencana kemanusiaan nu dialaman ku warga Palestina akibat katelengesan pihak zionis Israel nu di antarana disokong ku Amerika Serikat.

Kiwari geus loba korban jiwa ti pihak Palestina, warga sipil, jeung barudak, malah sababaraha jurnalisn oge rea nu tilar balukar kabiadaban Israel.

Baca Juga: Alhamdulillah, UMK 2024 Kabupaten Majalengka Rp 2.503.646

"Simkuring saparakanca estu ngaraos prihatin kana katelengesan Zionis Israel nu tos nyangsarakeun warga Palestina. Di antawisna kalebet sajumlah jurnails janten korban kabengisan Zionis Israel," ceuk Ketua PWI Majalengka.

"Simkuring katut rengrengan inisiatif ngagalang dana kangge saterasna disalurkan ka korban di Palestina," ceuk Pai rengse penggalangan dana, Kemis, (23/11/2023).

Aksi kemanusiaan ceuk Pai, dikolaborasikeun jeung Kementerian Agama (Kemenag) Majalengka nu ngarojong pisan gerakan sosial nu dilakukeun ku PWI Kabupaten Majalengka.

Anu dipenta donasina: instansi sabudeureun Pendopo Majalengka, anu miluan jalan santai nu digelar ku Kemenag Majalengka, jeung sajabana.

Baca Juga: Hujan Ngagebret, Kapolres Majalengka Sila Bareng jeung Buruh nu Nolak UMK Dumasar PP 51 Taun 2023

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x