Hujan Ngagebret, Kapolres Majalengka Sila Bareng jeung Buruh nu Nolak UMK Dumasar PP 51 Taun 2023

- 24 November 2023, 06:00 WIB
Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto,S.I.K., M.Si, CPHR, najan hujan ngagebret tetep sila maturan buruh nu unras nolak UMK Dumasar PP 51 taun 2023.
Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto,S.I.K., M.Si, CPHR, najan hujan ngagebret tetep sila maturan buruh nu unras nolak UMK Dumasar PP 51 taun 2023. /Ayank R Sambara/glura.co.id

GALURA.CO.ID - Sanajan hujan ngagebret, Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto,S.I.K., M.Si, CPHR, tetep sila maturan elemen buruh: F. SP TSK-R KSPSI Kabupaten Majalengka, SPN, F PPMI, KSPSI ATUC, nu unjuk rasa (unras) di kantor Kokardan Kabupaten Majalengka, Kemis (23/11/2023).

Harita Kapolres Majalengka Polda Jabar, dibarengan Wakapolres Majalengka, Kompol Bayu Purdantono,S.I.K.,M.I.K, sarta sakumna pejabat utama Polres Majalengka ditambah personil pengamanan.

Kaputusan Kapolres sila bareng jeung nu UNRAS bari huhujanan  nembongkeun komitmen aparat kapulisian kana aspirasi masarakat kalayan pinuh empati.

Baca Juga: PGRI jeung Disdik Majalengka Ngagelar Seminar Transformasi Kurikulum Merdeka

Sakumna nu unras nu minuhan pakarangan orasi ngeunaan nolak tur meredih dicabutna PP no 51 taun 2023.

"Sanajan hujan kacida badagna, Kapolres Majalengka tetep aya di tengah-tengah sakumna pengunjuk rasa, hal ieu nembongkeun kategasan tur kapadulian kangge tungtutan masarakat," ceuk Wakapolres Majalengka, Kompol Bayu Purdantono milu nyoarakeun pentingna dialog katut pemahaman bareng dina aspirasi masarakat.

"Simkuring katut rengrengan pejabat utama Polres Majalengka, hoyong nangtoskeun  aspirasi masarakat didangu kalayan hade," ceuk Kapolres Majalengka.

Baca Juga: GGM Majalengka Pinuh ku Warga, Nungkulan HUT KORPRI ka-52, HUT PGRI ka-78 jeung Hari Kesehatan Nasional

"Sanaos hujan ngagebret, teu ngirangan sumnget perjoangan dina ngajagi situasi tetep kondusif tur ngadangukeun tungtutan masarakat," ceuk AKBP Kapolres Indra Novianto.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah