Pikeun Nangtayungan Konsumén, Bank Kuningan Ngaronjatkeun Literasi Keuangan,

- 17 Februari 2024, 11:44 WIB
Direktur Utama Bank Kuningan, H. Dodo Warda, S.E., néken surat kasaluyuan
Direktur Utama Bank Kuningan, H. Dodo Warda, S.E., néken surat kasaluyuan /DOK : Bank Kuningan/

GALURA-Bank Kuningan ngalakonan tarékah pikeun nangtayungam nasabah jeung masarakat dina mekarkeun jeung ngawedelan sektor keuangan. Éta nyoko kana UU No 4 Taun 2023 ngeunaan Pengembangan dan Penguatan Sektor Keuangan (UU P2SK).

Dina éta Undang-Undang kaunggel, yén pelaku usaha sektor keuangan (PUSK) wajib ngalakonan kegiatan dina raraga ngaronjatkeun Literasi dan Inklusi Keuangan pikeun konsumen jeung masarakat.

Salasahiji tarékah anu kiwari ku Bank Kuningan, nyaéta meungkeut rukun gawé reujeung Kejaksaan Negeri Kuningan dina sual bantuan hukum, pikeun jadi dasar titincakan naon rupa anu kudu dilakonan ku ieu bank milik Pemkab Kuningan.

Baca Juga: Bank Kuningan Ngayakeun Undian Tabungan Berhadiah, Dian : Kudu Bisa Ngigelan Zaman

Kiwari geus aya kasaluyuan bank Kuningan jeung Kejaksaan Negeri Kuningan, sanggeus dua pihak nékeun surat perjanjian rukun gawé atawa anu disebut MOU, di Aula Kejaksaan Negeri Kuningan, Kemis 15 Februari 2024.

Ti pihak Bank Kuningan, surat kasaluyuan rukun gawé di téken ku Direktur Utama Bank Kuningan, H. Dodo Warda, S.E., disakséni ku Dewan Pengawas Bank Kuningan Drs. H Kamil Ganda Permadi, M.M., anggota Drs. H. Uca Somantri, M.Si., Keepala Kejaksaan Negeri Kuningan Dudi Mulyakusumah, SH.,MM,.

“Ieu téh dumasar kana medalna UU P2SK Nomer 4 kaping 12 Januari 2023, minangka léngkah kanggo ngabebenah sektor keuangan, hususna dina nyeukeutan literasi, inklusi, sareng nangtayungan konsumén,” ceuk Dodo Warda.

Ceuk Dodo, satuluyna, sajaba dumasar UU P2SK, dina ngabeungkeut rukun gawé reujeung Kejaksaan Negeri Kuningan téh, ogéi minangka lajuning laku tina Roadmap Pengembangan Industri BPR/BPRS 2021 – 2025.

Rukun gawé ngawengku bantuan hukum, pertimbangan hukum, tindakan hukum anu kudu dilakonan ku .Bank Kuningan, dina raraga nyalametkeun keuangan/kekayaan/asset milik Bank Kuningan dina bidang keperdataan atawa tata usaha negara.

Éta rukun gawé, ceuk Dodo, bisa dimangfaatkeun dina raraga ngaronjatkeun kompetensi teknis. Dua pihak bisa ngalakonan rukun gawé dina bentuk pendidikan jeung latihan (diklat),workshop, seminar, jeung sosialisasi.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x