Bank Kuningan Ngayakeun Undian Tabungan Berhadiah, Dian : Kudu Bisa Ngigelan Zaman

- 28 Januari 2023, 17:37 WIB
Bank Kuningan ngayakeun undian tabungan berhadiah, lumangsung di Gedong Sanggariang, Jalan Siliwangi Kuningan, Saptu, (28/1/2023).
Bank Kuningan ngayakeun undian tabungan berhadiah, lumangsung di Gedong Sanggariang, Jalan Siliwangi Kuningan, Saptu, (28/1/2023). /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Bank Kuningan ngayakeun undian tabungan berhadiah, lumangsung di Gedong Sanggariang, Jalan Siliwangi Kuningan, Saptu, (28/1/2023).

Hadiahna kawilang euyeub, ti mimiti kompor gas nepika sapedah motor. Bank Kuningan teh salah sahiji Badan Usaha Milik Daerah (BUMD) milik Pemkab Kuningan.

Enya, perusahaan milik daerah (Perumda) tea. Kiwari Bank Kuningan miboga nasabah anu jumlahna 43.831nasabah.

Baca Juga: Teu Tingtrim ku Geng Motor, Warga TKI III Meredih Aparat Patroli Maneuh

Direktur Utama Bank Kuningan, Dodo Warda, nyebutkeun undian tabungan berhadiah teh pikeun ngaapresiasi para nasabah anu salila ieu satia  nabung di Bank Kuningan.

Dodo nembrakeun, nepika kiwari Bank Kuningan tumuwuh, mekar matak ngagumbirakeun.

Nepika taun 2022, jumlah aset Bank Kuningan ngahontal Rp.226 milyar, dana pihak katilu Rp 139 milyar, tabungan nasabah Rp92 milyar jeung deposito Rp 47 milyar.

Baca Juga: Denpom III/5 Bandung Gelar Opsgaktib di Kodim 0618/Kota Bandung, Nanjeurkeun Kataatan Hukum Prajurit jeung PNS

 Eta acara diluuhan ku Sekda Kabupaten Kuningan, Dian Rachmat Yanuar, ngawakilan Bupati Acep Purnama.

Dian umajak, hususna ka para pejabat, birokrat di lingkup Pemkab Kuningan pikeun mere conto nabung di Bank Kuningan.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x