Denpom III/5 Bandung Gelar Opsgaktib di Kodim 0618/Kota Bandung, Nanjeurkeun Kataatan Hukum Prajurit jeung PNS

- 28 Januari 2023, 14:08 WIB
Denpom III/5 Bandung ngagelar Opsgaktib di Kodim 0618/Kota Bandung, Jl. Bangka, Kota Bandung, Jumaah 27 Januari 2023/Poto: DOK. PENDAM III/SLW
Denpom III/5 Bandung ngagelar Opsgaktib di Kodim 0618/Kota Bandung, Jl. Bangka, Kota Bandung, Jumaah 27 Januari 2023/Poto: DOK. PENDAM III/SLW /

GALURA - Geusan nyegah kamungkinan palanggaran prajurit, belasan personel Satuan Pelaksana Penegakan Hukum dan Pengawalan Denpom III/5 Bandung Pomdam III Siliwangi (Satlakgakkumwal) ngagelar Operasi Penegakan Tata Tertib (Opsgaktib) di Kodim 0618/Kota Bandung, Jl. Bangka No. 2 Kota Bandung, Jumaah 27 Januari 2023.

Eta Operasi Penegakan Tata Tertib hususon pikeun prajurit teh dipingpin ku Kapten Cpm Hari Manggala Yudha minangka Dansatlak Gakkumwal Opsgaktib.

Opsgaktib diiluan meh sakabeh prajurit jeung PNS Kodim 0618/Kota Bandung, kaasup mariksa mobil katut motor, boh nu dinas boh nu pribadi, di lapangan apel Makodim.

Baca Juga: Teu Tingtrim ku Geng Motor, Warga TKI III Meredih Aparat Patroli Maneuh

Dina prak-prakanana, eta palaksanaan Opsgaktib teh dibantu ku Provos satuan.

Sakabeh kalengkepan Nyata Diri tiap personel jeung kelengkepan surat-surat kendaraan dipariksa.
Pamariksaan antarana ngawengku kalengkepan kendaraan saperti lampu-lampu, rem, jeung sajabana.

Mun aya nu teu kumplit kalengkepanana, boh surat-surat boh kalengkepan kendaraan, patugas langsung negor jeung mere catetan.

Baca Juga: Kasus Subang Can Kaungkab Keneh, Irjen Pol Suntana : Doakeun, Kasusna Teras Dipaluruh

Satuluyna dibere toleransi waktu pikeun ngalengkepanana, dibarung harepan malar kahareupna taya deui prajurit jeung PNS Kodim 0618/Kota Bandung nu ngalanggar aturan.

Dandenpom III/5 Bandung Letkol Cpm Harjono Pamungkas, mertelakeun, eta kagiatan Opsgaktib teh boga tujuan ngabantu Komandan Satuan enggoning ngaronjatkeun kataatan hukum, disiplin jeung tata tertib prajurit sarta PNS di satuanana sewang-sewangan, hususon katangtuan lagu make kendaraan dinas atawa pribadi.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Pemilu di Daerah

x