Tilu Poé Sabada Pemilu, Anggota KPPS di Kuningan Tilar Dunya

- 18 Februari 2024, 09:27 WIB
Penjabat Bupati Kuningan, Iip Hidajat (Kadua ti kénca), mingpin upacara,saméméh layon Yayan dikurebkeun, Saptu, 17 Fébruari 2024.*
Penjabat Bupati Kuningan, Iip Hidajat (Kadua ti kénca), mingpin upacara,saméméh layon Yayan dikurebkeun, Saptu, 17 Fébruari 2024.* /Setda Pémkab Kuningan/

GALURA-Yayan Risdianto (48), anggota KPPS TPS 16 Kelurahan Cijoho, Kecamatan Kuningan, Kabupatén Kuningan, tilar dunya, Jumaah 16 Fébruari 2024, peuting.

Inyana tilar dunya, saréatna diduga kacapéan mancén dina poéan pencoblosan suara, Rebo, 14 Fébruari 2024.

Enya, réa kabéjakeun anggota KPPS di luar daérah anu gering alatan kacapéan.

Penjabat Bupati Kuningan, Iip Hidajat, diréncangan ku garwa Hj. Susi Widyawati, ngalayad ka bumina kulawarga.

Ceuk, Iip, dumasar laporan Yayan téh diduga kacapéan, salila ti mimiti kagiatan pencoblosan suara nepika penghitungan suara.

Dédi Magrib, tatangga Yayan, nyebutkeun saméméhna Yayan henteu kabéjakeun gering.

Saméméhna, kungsi dibawa ka salasahiji rumah sakit, tapi basa anjog ka Rumah sakit Yayan geus maot.


"Sim kuring pamaréntah daérah, ngiring bela sungkawa, mugi almarhum janten ahli surga.," ceuk Iip.

Santunan

Kulawarga Yayan, baris nampa santunan anu badagnaRp 42 juta ti Pemkab Kuningan.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x