Kinanti, Olahraga jeung Seni Ibing Penca Silat

- 12 Februari 2024, 19:54 WIB
Kinanti keur latihan Seni Ibing Penca Silat, ngaadumaniskeun olahraga jeung ibing penca silat.
Kinanti keur latihan Seni Ibing Penca Silat, ngaadumaniskeun olahraga jeung ibing penca silat. /Dokpri/

GALURA-Kinanti Listya Kusumaningrum, murid SMAN 2 Kuningan, miboga kaparigelan dina widang olahraga penca silat.

Kurang leuwih sataun kaliwat, inyana kungsi nyangking medali emas jeung perak, basa tandang di Cirebon jeung Kuningan.

Ceuk Adé Rudianto, ramana Kinanti, kakara ayeuna-ayeuna Kinanti ancrub dina penca silat ibing.

Adé nyebutkeun, Kinanti mindeng latihan ibing penca silat di imah. Anu jadi udagan hayang aub milu ngamumule Seni ibing penca silat.

Ku sabab kitu, inyana kacida soson-soson dina latihan téh. Sanajan semet dipirig ku tatabeuhan penca, meunang tina YouTube, Kinanti mampuh nyaluyukeun olahraga beladiri jeung seni ibing penca silat.

Kinanti, neuleuman olahraga beladiri penca silat basa inyana nyuprih élmu penca silat di SMPN 4 Kuningan.

"Kawitna mah pun anak téh ngiringan ekstrakulikuler futsal. Ku margi futsal teu diayakeun, nya ngalih kana silat," ceuk Ade.

Satuluyna, Kinanti dilatih di Paguron Silat Pajajaran Cimande, nepi ka kiwari boga niat, sajaba neuleuman silat laga, ogé penca silat ibing.

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x