Di Kabupaten Bandung, PKB pikeun saheulanan Unggul

- 19 Februari 2024, 07:30 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna, kader PKB.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna, kader PKB. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina kapamiingpinan Dadang Supriatna, PKB Kabupaten Bandung punjul dina Pemilu 2024. Sora PKB di Kabupaten Bandung dumasar real count saheulanan KPU aya dina urutan kahiji.

Sora PKB dina Pileg DPRD Kabupaten Bandung ti poè munggaran  térus punjul. Dumasar  website KPU tepi ka Saptu, 17 Pebruari 2024 jam 01 beurang PKB laju terus jadi pangluhurna.

Tina  2.792 TPS, totalna 11.034 TPS, sora PKB tepi kana 24.623. Nu pangpunjulna di Dapil 1, Dapil 5 jeung Dapil 6.

Baca Juga: Hasil Real Count KPU Caleg DPD RI di Majalengka, Bos Bola Langganan Piala Dunia Unggul ti Komeng

Dadang Supriatna, nu ogè Bupati Bandung umajak pikeun ngawal kaunggulan nu geus dihontal tepi ka ditetepkeun KPU. Dadang Supriatna  nganuhunksun ka simpatisan jeung kader PKB.

Dadang Supriatma yakineun targèt PKB boga 14 korsi di DPRD Kabupaten Bandung, sarta ti Dapil Bandung mibanda 2 korsi di DPRD Propinsi Jawa Barat, jeung 2 korsi di DPR RI baris ngawujud.

Caleg DPR RI Dapil Jabar II,  Cucun Ahmad Syamsurijal nu ngajabat Ketua Fraksi PKB DPR RI gedè beubeunangan sorana tepi ka kamari, Saptu, 17 Pebruari 2024 sore, ngahontal 39.033 sora.*** Sopandi

 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x