Real Count KPU: PDI Perjuangan Meunang Soara Panglobana keur DPRD Majalengka, PKS Kadua

- 19 Februari 2024, 09:01 WIB
PDI Perjuangan di Kabupaten Majalengka unggul.
PDI Perjuangan di Kabupaten Majalengka unggul. /Ayank/

GALURA.CO.ID -Hasil real count saheulanan Pileg 2024 nu dirilis KPU nembongkeun Partai Demokrasi Indonesia Perjuangan (PDIP) meunang soara panglobana keur DPRD Kabupaten Majalengka, Jawa Barat.

Dumasar data hasil real count KPU, Saptu (17/2/2024), jam 19.00 WIB, kacatet data nu asup geus nepi 61,47 %. Data sora nu asup dikumpulkeun tina 2.419 Tempat Pemungutan Suara (TPS) tina 3.935 TPS nu aya.

Hasil real count pileg 2024 keur DPRD Majalengka, nembongkeun PDIP unggul kalayan nyangking 79.588 sora (27,49 %). Satuluyna Partai Keadilan Sejahtera (PKS) nyusul di posisi kadua sajumlah 41.189 atau 14,23 %.

Baca Juga: Di Kabupaten Bandung, PKB pikeun saheulanan Unggul

Sora panglobana katilu, Partai Golongan Karya (Golkar) sajumlah 34.247 (11,83 %). Disusul Partai Gerakan Indonesia Raya (Gerindra) meunang 11,53 % (33.364 sora).

Satuluyna posisi ka lima, Partai Kebangkitan Bangsa (PKB) meunang soara 25.777 (8,9 %). Kagenep Partai Persatuan Pembangunan (PPP) meunang 8 % (23.172 sora) sarta kadalapan Partai Amanat Nasional (PAN) 7,72 % (22.349 sora).

Posisi kasalapan Partai Demokrat meunang 3,85 % (11.149 sora), posisi kasapuluh Partai Nasdem 7.271 sora (2,51 %).

Anapon kitu hasil real count ieu tacan resmi. Data nu dikumpulkeun KPU boga tujuan keur ngagampangkeun akses informasi publik. Pangitungan sora nu dilaksanakeun ku KPPS, rekapitulasi hasil penghitungan suara.

Panetapan hasil pemilu dilaksanakeun sacara tingkat-tingkatan dina rapat pleno ku PPK, KPU Kabupaten/Kota, KPU Provinsi, jeung KPU dumasar katangtuan peraturan perundang-undangan.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x