Tanggap Bencana, Anggota Koramil 1705/Cikijing Ngaroris Lokasi Taneuh Urug di Kecamatan Cingambul

- 18 Maret 2024, 15:30 WIB
Anggota Koramil 1705/Cikijing Kodim 0617/Majalengka jeung Polsek Cingambul katut masarakat  ngaevakuasi material longsoran nu keuna ka bagean imah warga di Desa Maniis.
Anggota Koramil 1705/Cikijing Kodim 0617/Majalengka jeung Polsek Cingambul katut masarakat ngaevakuasi material longsoran nu keuna ka bagean imah warga di Desa Maniis. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Anggota Koramil 1705/Cikijing Kodim 0617/Majalengka jeung Polsek Cingambul katut masarakat  ngaroris lokasi kajadian taneuh urug anu ninggang imah bagean tukang milik salasahiji warga, di Blok Desa RT 02 RW 02 Desa Maniis, Kecamatan Cingambul, Kabupaten Majalengka, Saptu (16/3/2024) peuting.

Urugna taneuh balukar  hujan anu badag ti mimiti jam 15.00 WIB nepi ka jam 18.00 WIB di wilayah Kecamatan Cingambul.

Danramil 1705 Cikijing, Kapten Inf Dadang Purnomo netelakeun meunang informasi kajadian taneuh urug, Babinsa, Bhabinkamtibmas jeung aparat Desa bareng warga satempat ngaroris lokasi kajadian.

"Balukar tina eta kajantenan, bumi bagian pengker milik salasawios warga kaurugan taneuh. Korban jiwa teu aya, sawatara karugelan materil jutaan rupiah," ceuk Kapten Inf Dadang Purnomo.

Danramil nyebutkeun, tarekah anu dilaksanakeun ku Babinsa, Bhabinkamtibmas, aparat Desa jeung warga satempat ngabantu ngevakuasi jeung meresihan taneuh urug anu ninggang imah warga.

"Simkuring cumeluk ka warga masarakat supados waspada sababaraha rupi bencana alam sanesna. Ngemutkeun kiwari nuju usum ngijih tur cuaca ekstrim di wilayah Kabupaten Majalengka," ceuk Kapten Inf Dadang Purnomo.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x