Mastikeun Sasaran Fisik Taya Masalah, Dansatgas Ngaroris Lokasi TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka

- 14 Maret 2024, 11:10 WIB
Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ngaroris lokasi sasaran fisik jeung non fisik TMMD ka-119, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Rebo (13/3/2024).
Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ngaroris lokasi sasaran fisik jeung non fisik TMMD ka-119, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Rebo (13/3/2024). /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., geus deukeut ka panutupan TMMD ngaroris lokasi sasaran fisik jeung non fisik TMMD ka-119, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Rebo (13/03/2024).

Ceuk Dansatgas, tujuan ti ngaroris  gunana mastikeun palaksanaan progress pagawean lumangsung kalayan hade saluyu jeung perencanaan dina program TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka 

Ku kituna naon anu dipigawe saluyu sasaran jeung bener-bener mangpaat keur masarakat sabudeureunana.

Baca Juga: Ngudag Pengerasan Jalan, Anggota Satgas TMMD ka-119 jeung Warga Nuluykeun Pangwangunan Sasaran Fisik

"Ieu tugas anu kedah dilaksanakeun ku Dansatgas TMMD. Buktos tanggel waler nu janten pingpinan dina ngatur sarta nitenan hasil kerja TMMD," ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto.

Letkol Inf Dudy Pilianto, ngahatur nuhunkeun kana tarekah oge rempug gawena katut rojongan anu kawilang luar biasa ti pamarentah desa jeung masarakat satempat.

Hal ieu ditilik tina hasil TMMD anu kawilang pikareueuseun, nyaeta hasil pengerasan jalan geus kawilang hade.

"Pamugi sagala rupi anu tos dipidamel tiasa lumangsung saluyu sareng rencana, supados hasilna tiasa saenggalna diraoskeun ku masarakat Desa Cipasung," ceuk Dudy.

Baca Juga: Satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka, di Desa Cipasung Ngabangun Bak Panampungan Cai

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x