Alpukahna Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka, Warga nu Kasawat Tumor Dioperasi

- 7 Maret 2024, 08:35 WIB
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka mawa Endang nu boga kasakit tumor ka Cirebon keur dioperasi.
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka mawa Endang nu boga kasakit tumor ka Cirebon keur dioperasi. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Teu saukur ngawangun infrastruktur katut bangunan fisik, Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka taya reureuhna merhatikeun kasehatan keur warga di sabudeureun lokasi TMMD Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka.

Endang (30) warga Desa Cipasung anu nandangan kasakit Tumor Mandibula Dekstra, Salasa (5/3/2024) dirujuk ka RS Ciremai Cirebon kalayan dibarengan ku Sertu Isro anggota Poskes 03.10.17 Kodim 0617/Majalengka tur geus rengse operasi, Rebo (6/3/2024).

Dansatgas TMMD Ke-119 Kodim Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., nyebutkeun, operasi tumor Endang warga di lokasi TMMD, teh salasahiji ti sababaraha runtuyan kagiatan TMMD anu kudu dilaksanakeun ku Satgas. Lain eta, oge salasahiji kagiatan anu asup dina Operasi Militer Selain Perang (OMSP).

Baca Juga: Dandim 0617/Majalengka Turun Langsung Ngaroris Lokasi Banjir di Desa Kadipaten

TNI AD hususna Kodim 0617/Majalengka satekah polah sahade hadena keur leuwih ngaraketkeun diri jeung masarakat di wilayah teritorialna dina nulungan karerepet rayat.

Dina kasempetan anu sarua, dr. Ridwan, Sp. B (Onk), anu mingpin operasi nyebutkeun dilaksanakeunana operasi tumor ka Endang  teh hasil koordinasi anu dilaksanakeun ku Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka anu ogeatensi ti Danrem 063/SGJ.

"Sateuacanna tos koordinasi sareng Dandim 0617/Majalengka sarta pasen  atensi ti Danrem 063/SGJ, kanggo operasi tumor Endang," ceuk dr. Ridwan.

Lanceuk pituin pasen, Entin jeung Eti, kawilang ngapresiasi ka Satgas TMMD nu narèkahan sangkan lanceukna anu dioperasi.

“Simkuring sakulawargi ngahatur nuhunkeun  kawilang bingah ka Bapa TNI, anu ngabantos pisan tur merhatoskeun kana kondisi kasehatan pun adi. Pamugi TNI salamina dipaparinan kasehatan tur kasalametan dina ngalaksankeun tugas nagara," ceuk Eti.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x