Tim Wasev TMMD, Ngaroris Sasaran TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka di Desa Cipasung Kecamatan Lemahsugih

- 5 Maret 2024, 14:00 WIB
Tim Wasev TMMD ka-119 Asops Kasad Mayjen TNI Dian Sundiana., SE.,M.M ngaroris TMMD ka-19 di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih Kabupaten Majalengka (04/03/2024).
Tim Wasev TMMD ka-119 Asops Kasad Mayjen TNI Dian Sundiana., SE.,M.M ngaroris TMMD ka-19 di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih Kabupaten Majalengka (04/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., mapag tumorojogna Tim Wasev TMMD ka-119 Asops Kasad Mayjen TNI Dian Sundiana., SE.,M.M., tempatna di Aula Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Senen (4/3/2024).

Kagiatan Wasev TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka diluuhan ku Asops Kasad, Pabandya-2/Binwasdiklatter dan Puanter Sterad, Kasrem 063/SGJ, Dandim 0617/Majalengka, Kadis DPMD Kabupaten Majalengka, Kasdim 0617/Majalengka, Kabag Ren Polres Majalengka, Kadis DKP3 Kabupaten Majalengka.

Anu sejenna: Ka Dinas PUTR Kabupaten Majalengka, Sekcam Lemahsugih, sakumna perwira Staf Dim 0617/Majalengka, sakumna Danramil jajaran Dim 0617/Majalengka jeung Kepala Desa Cipasung katut rengrenganna.

Baca Juga: Sinergi jeung BPBD, Satgas TMMD ka-119 Ngadadarkeun ngeunaan Mitigasi Bencana ka Warga Cipasung Majalengka

Ketua DPMD Kabupaten Majalengka, ngawilujengkeun sumping ka Ketua Tim Wasev TMMD ka-119 katut rengrengan di Desa Cipasung Kecamatan Lemahsugih. Inyana nyebutkeun di wilayah TMMD ka-119 masih loba kakurangan SDM tina segi paekonomian katut lapangan pagawean.

"Sarengsena program TMMD pamugi hasilna tiasa kangge ngaraharjakeun masarakat di Desa Cipasung Kecamatan Lemahsugih," pokna.

Mayjen TNI Dian Sundiana, S.E., M.M., netelakeun kadatanganna keur nitenan tur ngaroris kagiatan TMMD anu geus di laksanakan di wilayah Kodim 0617/Majalengka. Inyana miharep TMMD mangpaat keur masarakat Desa Cipasung dina hal kamajuan jeung karaharjan.

"Pamugi kagiatan TMMD maparinan dampak anu positip sareng tiasa ngaronjatkeun paekonomian warga Desa Cipasung, dina usum mijih ieu tiasa ngabantos tumuwuhna tatanen anu dipelak ku sakumna patani," ceuk Mayjen TNI Dian Sudiana.

Mayjen TNI Dian Sudiana netelakeun akses jalan bisa ngagampangkeun sakumna patani dina mawa hasil tatanen.”Hatur nuhun kana pangbageaanu kawilang hade," ceuk Mayjen TNI Dian Sundiana, S.E., M.M.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x