Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Ngabret Ngarenovasi Madrasah di Desa Cipasung

- 2 Maret 2024, 17:23 WIB
Satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka ngarèngsèkeun renovasi madrasah di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Majalengka.
Satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka ngarèngsèkeun renovasi madrasah di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Majalengka. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ngarengsekeun pangwangunan sasaran fisik, anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka bareng warga ngabret ngarenovasi madrasah, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Saptu (02/03/2024).

Dansatgas TMMD Ke-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun ku Pasiter Kodim 0617/Majalengka Kapten Inf Mastam, netelakeun,  salian ngawangun akses jalan sapanjang 3000 meter, Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka oge ngalaksanakeun rupa-rupa program.

Di antarana, ngarenovasi madrasah anu jadi salasahiji sasaran tambahan dina program TMMD eta.

Baca Juga: Di satengahing Hujan wae, Anggota Satgas TMMD ka-119 Bareng jeung Warga Ngahanca Ngawangun Jalan

"Dinten ieu ngarenovasi Madrasah teras direngsekeun ku personel gabungan Satgas TMMD rereongan sareng warga. Salami ngarengsekeun padamelan aya rojongan sareng rempug gawe anu hade antawis satgas TMMD sareng masarakat satempat. Tujuanna supados hasilna langkung maksimal sarta tiasa digunakeun dina waktos anu lami," ceuk Kapten Inf Mastam.

Kapten Inf.Mastam nyebutkeun sinergitas sakumna stakeholder anu kalibet dina program TMMD ka-119 kawilang diperlukeun. " Ku kituna satiap pangwangunan sasaran fisik hasilna maksimal,” ceuk Kapten Inf Mastam.

Kepala Desa Cipasung Deni Hermanto, nyebutkeun, masarakat Desa Cipasung  ngahatur nuhunkeun ka TNI anu geus ngalaksanakeun program TMMD.

"Ku direnovasina madrasah murangkalih sakola tiasa langkung merenah tur sumanget nyuprih elmu pangaweruh sareng bagbagan agama katut ngaos," ceuk Deni.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah