Di satengahing Hujan wae, Anggota Satgas TMMD ka-119 Bareng jeung Warga Ngahanca Ngawangun Jalan

- 2 Maret 2024, 16:51 WIB
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka keur ngagarap pangwangunan jalan.
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka keur ngagarap pangwangunan jalan. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka bareng masarakat nuluykeun ngawangun jalan sapanjang 3000 meter, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih Kabupaten Majalengka, Jumaah (1/3/2024).

Dansatgas TMMD Ke-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun Pasiter Kodim 0617/Majalengka Kapten Inf Mastam, netelakeun,  nyieun jalan nu panjangna 3000 meter anu ngahubungkeun Dusun Sukamanah jeung Dusun Wiranyana teh sasaran fisik TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka.

"Dina ngabangun jalan, anggota Satgas TMMD sareng masarakat sacara gotong royong teras ngibrit ngarengsekeun ngawangun jalan. Supados gancang,  nganggo alat berat dina nata tumpukan material," ceuk Kapten Inf Mastam

Pasiter Kodim 0617 Majalengka, neyelakeun, nalika teu hujan  sakumna anggota Satgas TMMD kalayan dibantu warga katut alat berat ngebut ngagarap jalan.

Tangtu wae dina ngagarapna teu weleh ditalingakeun. "Supados tiasa lumangsung kalayan lancar, aman tur teu aya gangguan atanapi halangan-harungan di lapangan,” ceuk Kapten Inf Mastam.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah