Satgas TMMD ka-119 jeung Polres Majalengka Ngadadarkeun Bahayana Narkoba jeung Judi Online ka Siswa SMP

- 4 Maret 2024, 10:59 WIB
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung Polres Majalengka ngadadarkeun ngeunaan bahaya Narkoba jeung Judi Online ka Siswa SMPN 4 Lemahsugih, Saptu (02/03/2024).
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung Polres Majalengka ngadadarkeun ngeunaan bahaya Narkoba jeung Judi Online ka Siswa SMPN 4 Lemahsugih, Saptu (02/03/2024). /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka sinergi jeung Polres Majalengka ngadadarkeun ngeunaan bahaya Narkoba jeung Judi Online ka Siswa SMPN 4 Lemahsugih, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Saptu (02/03/2024).

Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka ditepikeun Pasiter Kodim 0617/Majalengka Kapten Inf Mastam nyebutkeun, dina ieu kagiatan Satgas TMMD sinergi jeung Polres Majalengka minangka bukti merhatikeunana kana disalahgunakeunana narkoba jeung judi online.

Aipda Dodo anggota Polres Majalengka, nu ngajelaskeun, narkoba bahan/zat aditif mun diasupkeun kana jero awak jalma, boh sacara oral (diinum), diseuseup, boh disuntikeun, bisa ngarobah pikiran, suasana hate jeung parasaan katut kalakuan. Narkoba bisa ngabalukarkeun katergantungan adiksi fisik jeung psikologis.

Baca Juga: Ngamumule Alam, Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka Melak Tatangkalan

Aipda Dodo nyebutkeun, pamuda minangka generasi anu dipiharep jadi panerus bangsa, tambah poe tambah ruksak digorogotan zat-zat adiktif nu ngahancurjeun syaraf tepi ka teu bisa mikir kalayan hade balukar ngosumsi narkoba.

"Anu keur trending dikalangan generasi ngora kiwari nyaeta judi online, salasawios bahaya katagihan judi online anu parna nyaeta resiko karugelan finansial. Anu kacanduan judi online mindeng nyeepkeun artosna dina jumlah ageung," ceuk Aipda Dodo.

Bahayana judi online salian finansial oge ngaruksak kasehatan mental. Sakumna pamaen judi online mindeng stres, ngarasa hariwang, katut depresi. Eta balukar teu mampuh ngadalian dirina sorangan.

Di tempat anu sarua, Wakil Kepala Sekolah Kesiswaan SMPN 4 Lemahsugih, Yosep, S.Pd, ngahatur nuhunkeun ka Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung Polres Majalengka anu geus mere penyuluhan ngeunaan bahaya Narkoba jeung judi online.

“Pengawasan kana penyalahgunaan narkoba katut judi online kangge generasi ngoras sanes mung saukur di sakola, tapi oge janten tugas urang sakumna, babakuna nalika di lingkungan," ceuk Yosep.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x