Dandim 0617/Majalengka Turun Langsung Ngaroris Lokasi Banjir di Desa Kadipaten

- 6 Maret 2024, 22:07 WIB
Dandim 0617/Majalengka ngaroris  kondisi banjir di Blok Anjun jeung Blok Sawala, Desa Kadipaten, Kecamatan Kadipaten, Kabupaten Majalengka,  Salasa peuting (5/3/2024).
Dandim 0617/Majalengka ngaroris kondisi banjir di Blok Anjun jeung Blok Sawala, Desa Kadipaten, Kecamatan Kadipaten, Kabupaten Majalengka, Salasa peuting (5/3/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ngaroris  kondisi banjir di Blok Anjun jeung Blok Sawala, Desa Kadipaten, Kecamatan Kadipaten, Kabupaten Majalengka,  Salasa peuting (5/3/2024).

Banjir balukar cai Walungan Cikasarung mudal. Dandim 0617/Majalengka netelakeun ngaroris langsung teh dilaksankeun keur nyiapkeun  jeung nangtukeun lengkah sarta kasiapan anu bakal dilaksanakeun nalika cai Walungan Cikasarung tuluy ngagulidag.

"Luhurna cai banjir dugi ka 80 senti, ngeueum sabagean pamukiman warga. Korban jiwa teu aya, karugelan materil kirang langkung 17 unit padumukan warga kakeueum cai," ceuk Dudy.

Dudy cumeluk ka sakumn jajaran jeung stakeholder supaya tetep siap sadia dina nyanghareupan bencana alam anu sawaktu+waktu kajadian.

"Dina masihan penanganan bencana alam,  personel sareng materil kedah disiapkan kangge ngabantos masarakat," ceuk Dudy Pilainto.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x