Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Buka Puasa jeung Warga

- 17 Maret 2024, 13:00 WIB
Anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka buka puasa di imah warga, Dedeh, di Desa Cipasung, Lemahsugih, Majalengka (16/03/2024).
Anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka buka puasa di imah warga, Dedeh, di Desa Cipasung, Lemahsugih, Majalengka (16/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka, Koptu Siswanto, buka puasa  di imah salasaurang warga, Dedeh, di lokasi TMMD Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka.

"Buka bersama antawis anggota Satgas TMMD sareng masarakat mangrupikeun salasawios buktos komunikasi anu hade antawis TNI sareng rayat," ceuk Dansatgas TMMD Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P, Saptu (16/03/2024) sore.

Koptu Siswanto nyebutkeun buka puasa babarengan jeung masarakat  nyiptakeun hubungan nu leuwih akrab saperti kulawarga.

“Kaguyuban TNI sareng masarakat Desa Cipasung sanes wae katingali nalika didamel dina kagiatan ngabangun sasaran TMMD. Tapi oge nalika reureuh sareng dina suasana sanesna, di antawisna buka puasa sasarengan," ceuk Koptu Siswanto.

Dedeh  anu boga imah ngarasa bunga jeung reueus ku ayana TNI dina kagiatan TMMD. Malah anggota TNI daek nganjang tur buka puasa bareng di padumukanana.

"Simkuring sakulawargi nyuhunkeun dihapunten, saupami menu buka puasa saayana wae.  TNI anu kersa silaturahmi sareng buka puasa di rorompok  tangtos ngaraos bingah," ceuk Dedeh.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x