Ngarojong Ketahanan Pangan, bareng jeung Warga, Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Melak Jagong

- 15 Maret 2024, 16:00 WIB
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 bareng jeung warga melak jagong dina lahan nu legana 2 hektar, keur ngarojong ketahanan pangan.
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 bareng jeung warga melak jagong dina lahan nu legana 2 hektar, keur ngarojong ketahanan pangan. /Ayank/galura.co.id.

GALURA.CO.ID  -Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka melak jagung bareng jeung masarakat, pikeun ngarojong program ketahanan pangan, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Jumaah (15/03/2024).

Kagiatan anu dilaksanakeun Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka, salian kagiatan sasaran fisik saperti pangwangunan jalan sapanjang 3000 meter, ngarehab rutilahu, rehab madrasah, pangwangunan pos ronda jeung nyieun bak panampungan cai oge ngalaksankeun kagiatan ketahanan pangan melak jagong dina lahan nu legana 2 hektar.

Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, nyebutkeun, TMMD teh aubna antara TNI jeung pamarentah daerah, hususna Kodim 0617/Majalengka katut Pemkab Majalengka.

Baca Juga: Door to Door, Timkes Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Cek Kasehatan Warga

Ieu teh minangka tarekah percepatan torobosan pangwangunan di daerah padesaan sarta  lengkah ngaronjatkeun infrastruktur jeung ngaronjatkeun karaharjaan masarakat.

"Salian pangwangunan sarana insfrastruktur, Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka oge ngamangpaatkeun lahan anu legana 2 hektar kangge ngarojong ketahanan pangan, ku melakan jagong," ceuk Dudy.

Masih ceuk Dudy, Program ketahanan pangan dipiharep bisa ngaronjatkeun paekonomian masarakat di Desa Cipasung.  Dipiharep hasil panen anu loba bisa jadi sumber panghasilan  pikeun masarakat.

TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka di antarana kagiatan fisik jeung non fisik anu dilaksanakeun salila 30 poe. Rempug gawe antara TNI, pamarentah daerah, jeung masarakat, dipiharep bisa mere dampak positif anu tuluy-tumuluy keur karaharjaan masarakat sabudeureunana.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x