Make Alat Berat, Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka, Soson-soson Ngarengsekeun Pangwangunan Jalan

- 14 Maret 2024, 08:30 WIB
Make alat berat Satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka soson-soson ngarèngsèkeun pangwangunan jalan.
Make alat berat Satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka soson-soson ngarèngsèkeun pangwangunan jalan. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Tim Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka ngamaksimalkeun pagawean sasaran fisik ngawangun jalan sapanjang 3000 meter anu ngahubungkeun Dusun Sukamanah jeung Dusun Wiranyana, Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka.

Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun ku Pasiter Kodim 0617/Majalengka Kapten Inf Mastam nyebutkeun nepi ka Rebo (13/03/2024) sakumna personel Satgas TMMD teu reureuh ngamaksimalkeun pagawean dina nyieun jalan anu ngahubungkeun dua Dusun di Desa Cipasung.

"Kangge percepatan pekerjaan ngabangun jalan, dikerahkeun alat berat dipiharep supados padamelan langkung maksimal tur rengse dina waktosna, supados tiasa enggal dimangpaatkeun ku masarakat," ceuk Paditer Kodim 0617/Majalengka.

Inyana nambahkeun, sangkan euweuh halang-harungan tur di lapangan, dilaksanakeun monitoring. Mimiti ti pengerahan personel Satgas TMMD jeung masarakat sarta alat berat, sangkan engkena bisa rengse saluyu jeung waktu anu geus ditargetkeun.

"Nalika padamelan pembukaan jalan enggal rengse, tangtos mangpaatna bakal enggal diraoskeun ku masarakat, malah mandar tiasa ngaronjatkeun paekonomian masarakat," ceuk Kapten Inf Mastam.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x