Diduga Stress Kajiret Pinjol, Warga Sindangwangi Tiwas Gantung Diri

- 24 Juni 2024, 10:00 WIB
Puliisi keur mariksa TKP  K (25), warga  Blok Manis   Desa Sindangwangi, Kabupaten Majalengka, nu tilar ngagantung maneh, kajiret  pinjol.
Puliisi keur mariksa TKP K (25), warga Blok Manis Desa Sindangwangi, Kabupaten Majalengka, nu tilar ngagantung maneh, kajiret pinjol. /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Hiji lalaki inisial K (25), warga Blok Manis RT 03 RW 01 Desa Sindangwangi, Kecamatan Sindangwangi, Kabupaten Majalengka, Ahad beurang (23/6/2024) ditimukeun tiwas ngagantung maneh make tali lawon nilon dina kusen kamer mandi.

Danramil 1709/Rajagaluh Kapten Inf Maman Kardiman, S.E., ngajelaskeun, meunang informasi ti perangkat desa, aya warga tilar alatan ngagantung maneh, Babinsa langsung ngadatangan lokasi tempat kejadian perkara (TKP) bareng jeung anggota Polsek Sindangwangi, piket siaga Polres Majalengka, Timkes Puskesmas Sindangwangi jeung perangkat desa.

Saksi Nengsih Binti Santa (bibi korban) dina poe eta kira-kira jam 14.00 WIB, nalika asup rohang dapur keur neundeun alat nyieun es ka jero kulkas nempo korban geus ngagantung di kusen panto asup ka kamer mandi.

Ngarasa reuwas sagancangna kaluar ti imah mere nyaho tatangga korban, Didi Rosadi. Satuluyna nelpon kolotna korban anu keur ngaluuhan hajatan dulurna di Desa Cengal, Kecamatan Maja.

Masih ceuk Danramil, dumasar katerangan ti kolot korban, korban teh kajiret pinjol (pinjaman online). Hasil pamariksaan inavis jeung pamariksaan luar ti dr. Farrah Dwi Fitriyani (Dokter Puskesmas Sindangwangi), teu ditimukeun tanda-tanda kekerasan.

“Pihak kulawarga korban nampi tur nganggep kajantenan minangka takdir, tur kulawarga korban narah dilaksanakeun autopsi, sarta didamelkeum serat pernyataan anu ditawis ku sepuhna korban oge dipikauninga kepala Desa," ceuk Danramil.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah