Pentas Seni Degung, Samen di SDN Karangasem 1 Leuwimunding Majalengka

- 28 Juni 2024, 07:38 WIB
SDN Karangasem 1, Kecamatan Leuwimunding, Kabupaten Majalengka Kemis, 27 Juni 2024 ngalaksanakeun acara ngabralkeun kelas 6 jeung kenaikan kelas (samen), hiburanana di antarana degung.
SDN Karangasem 1, Kecamatan Leuwimunding, Kabupaten Majalengka Kemis, 27 Juni 2024 ngalaksanakeun acara ngabralkeun kelas 6 jeung kenaikan kelas (samen), hiburanana di antarana degung. /Didi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -SDN Karangasem 1, Kecamatan Leuwimunding, Kabupaten Majalengka dina taun ajaran 2023-2024, Kemis, 27 Juni 2024 ngalaksanakeun acara ngabralkeun kelas 6 jeung kenaikan kelas (samen).

Acara lumangsung gumebyar. Para siswa jeung ngarsa bungah. Kelas 6 kabeh lulus sarta kelas sahandapeunana taya nu henteu naek. Diluuhan ku pengawas, aparat desa, komiteu sakola, para tokoh masarakat, kolot siswa tur undangan liana.

Dede Ruhiana, SPd, kepala SDN Karangasem 1 ngajentrekeun dina taun ajaran 2023-2024 siswa SDN Karangasem 1 jumlahna 391 urang. “Sadayana ngiring aub kana acara,” pokna

Acara dibuka ku pentas seni degung, anu nabeuhna para siswa hasil atikan didikan Dede Ruhiana, SPd. Diteruskeun ku acara pentas para siswa jeung ngabagikeun hadiah ka siswa nu mibanda prestasi.

Dede miharep siswa kelas 6 neruskeun sakola tepi ka paguron luhur tur sukses, “Kapayuna SDN Karangasem 1, sing mampu ngaronjatkeu prestasina nu langkung sae,” pokna.*** Didi R.

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah