Hari Lingkungan Hidup, Sababaraha Sakola di Kuningan Nampa Pangajén

- 5 Juni 2024, 10:30 WIB
Sekda Kabupatén Kuningan, Dian Rachmat Yanuar, masrahkeun pangajén lingkungan
Sekda Kabupatén Kuningan, Dian Rachmat Yanuar, masrahkeun pangajén lingkungan /Ajun Mahrudin/

GALURA-Sababaraha sakola di Kabupatén Kuningan, taun ieu nampa pangajén ngeunaan lingkungan, boh ti pamaréntah kabupatén propinsi, kitu deui pamaréntah RI.

Sakola anu nampa pangajén di tingkat nasional nyaéta SMPN Cimahi, SMP IT Al-Multazam, jeung MAN 1 Kuningan .

Ari anu nampa pangajén ti pamaréntah provinsi ti antarana SDN Cilayung, Kecamatan Ciwaru, SDN Cipetir Kecamatan Lebakwangi, jeung SMPN Cibingbin Kecamatan Cibingbin.

Éta pangajén dipasrahkeun ku Sekda Kabupatén Kuningan, DR. Dian Rachmat Yanuar, M.Si., dina acara Mieling Hari Lingkungan Hidup, di Pakarangan Kantor Dimas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupatén Kuningan, Rebo, (5/6/2024).

Sajaba masrahkeun piagem pangajén ka sakola, Dian ogé masrahkeun piagem pangajén ti Pemkab Kuningan pikeun sababaraha KUA anu geus méré kontribusi patali miara lingkungan

KUA anu nampa pangajén téh ti antarana KUA Jalaksana, Kalimanggis, Ciawigebang, Cilimus, jeung Kuningan.

"Sim kuring ngahaturkeun wilujeng, mugia ieu pangajén janten pangrojong kanggo ngaronjatkeun ajén dina miara lingkungan," ceuk Dian

Melak Tangkal jeung Beberesih
Dina mieling Hari Lingkungan Hidup, Dinas Lingkungan Hidup (DLH) ogé melak tangkal di lahan sabudeureun Kantor DLH Kabupaten Kuningan.

Sajaba ti éta, oge beberesih di jalan sabudeureun Désa Kastruri Kecamatan Kuningan.***



Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah