KH Ushfuri Anshor, keur Tahlilan Dibubarkeun ku Aparat Desa

- 28 Juni 2024, 18:23 WIB
Kiyai Furi keur ngawangkong Jeung salah saurang santrina,
Kiyai Furi keur ngawangkong Jeung salah saurang santrina, /Cecep KS/galura.co.id

GALURA.CO.ID -KH Ushfuri Anshor, kiyai meles Nahdlatul Ulama (NU). Matakna, di wewengkon Subang jeung wilayah Pantura Jabar, anjeunna ulama nu kawilang diajenan pisan. Inyana, ulama sepuh nu tepi ka kiwari jadi panutan masarakat.

Nyalusur carita, mangsa Orba, Kiyai Furi, tuhu kana naon nu geus digariskeun ku PBNU: sakumna warga Nahdliyin, kudu ngarojong Partai Persatuan Pembangunan (PPP).

Daria ngestokeun parentah ti PBNU, sarengkak-saparipolah Kiyai Furi, ditalingakeun ku aparat. Taya eureunna, ti mimiti pagawe desa, tokoh masarakat di daerah Compreng tepi ka intel, taya eureunna balawiri ngawaskeun Kiyai Furi.

Kyai Furi mah hare-hare we, ngajar agama Islam ka para santrina, inyana estuning ulama nu teuneung ludeung dina kayakinanna. Antukna, ceuk salasaurang muridna, Ustad Shomadi, Kiyai Furi didatangan ku Sakompi ABRI.

Nu jadi marga lantaranna, harita di lingkungan Pasantren Al-Ishlah, di hiji Imah warga keur ngayakeun acara tahlilan, ku aparat desa, eta acara teh dituding keur ngayakeun konsolidasi politik, aya patalina jeung P3.

Ku aparat desa, acara tahlilan, dibubarkeun. Sajumlah santri nu harita keur ngaluuhan acara, teu narima, parea-rea omong tepi ka dur-der garelut. Aparat desa, harita, tatu parna.

Aparat desa ngadoni ka aparat kaamanan, majar dirogahala ku para santri. Peuting harita aparat kaamanan datang ka pasantren, pasantren Al-Islah ditutup, teu meunang ngayakeun aktifitas kaagamaan.

Kiyai Furi diteteangan, ngan teu kapanggih. Tah, harita Kiyai Furi nembongkeun deui linuhungna karomah nu dipibandana. "Waktu aparat kaamanan neangan anjeunna teu kapendak, padahal anjeunna mah teu nyumput, teu kamana-mana, jongjon we kyai mah i'tikaf di rohangan masjid, balawiri aparat ka jero masjid, saurang ge taya nu nangenan ningali Kiyai, " ceuk Shomadi.

Waktu dongeng Shomadi, diobrolkeun deui ka kiyai Furi, anjeunna ukur mesem. "Urusan hak pilih mah eta hak pribadi, Harita bapa meunang parentah ti PBNU kudu ngarojong P3, nya dilaksanakeun," pokna.
Dina Buku, Kiai dan Dinamika Politik, nu diterbitkeun ku Gunung Djati Publishing, nyurahan dinamika kahirupan politik, peran tokoh agama kawilang onjoy, nyiptakeun kasaimbangan nilai agama jeung aspek politik.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah