KH Ushfuri Anshor, keur Tahlilan Dibubarkeun ku Aparat Desa

- 28 Juni 2024, 18:23 WIB
Kiyai Furi keur ngawangkong Jeung salah saurang santrina,
Kiyai Furi keur ngawangkong Jeung salah saurang santrina, /Cecep KS/galura.co.id

Dina Buku, Kiai dan Dinamika Politik, nu diterbitkeun ku Gunung Djati Publishing, nyurahan dinamika kahirupan politik, peran tokoh agama kawilang onjoy, nyiptakeun kasaimbangan nilai agama jeung aspek politik.

Tokoh agama, jadi pamingpin spiritual nu nembrakeun kamandangna katut atikan moral dina tindakan politik. Ngeunteung kadinya, tokoh agama samodel Kiyai Furi, jadi tokoh sentral nu dideukeutan ku partey politik. Partey politik, ngangseu, Kiyai Furi, salasahiji ulama nu gede pangaruhna, saucap-ucapna digugu ku masarakat.

Kiyai Furi, beunang disebutkeun, ulama tilu jaman: orde lama, orde baru jeung orde reformasi. Mangsa Orde Baru, sakali mangsa, tengah peuting kurang leuwih jam 02.00 WIB, ka lingkungan pasantren aya nu datang.

Eta semah nu teu dipikawanoh, datangna make mobil mercy pulsa hideung bari mamawa senjata. Sanggeus adu hareupan keung Kiyai Furi, kanyahoan, eta semah teh warga Roma, Italia.

Niat eta semah mah silaturahim. Tapi, Kiyai Furi waspada, satukangeun silaturahim, eta semah mawa misi keur nalungtik dirina jeung lingkungan pasantren.*** Cecep Ks

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah