Raffi Ahmad Ngarojong Dadang Supriatna Jeneng Bupati Bandung Dua Periode

- 1 Juli 2024, 16:10 WIB
Rsffi Ahmad ngadongdon imah dinas Bupati Bandung Dadang Supriatna di Soreang, ngarojong bupati dua periode (01/08/2024)..
Rsffi Ahmad ngadongdon imah dinas Bupati Bandung Dadang Supriatna di Soreang, ngarojong bupati dua periode (01/08/2024).. /Sopandi/gapura.co.id

GALURA.CO.ID -Selebritis Raffi Ahmad jeung kulawargana ngadongdon imah dines Bupati Bandung di Soreang, Senen, 1 Juli 2024. Ngaronghèapna Raffi jeung bojona, Nagita Slavina, dibagèakeun langsung Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung bojona Emma Dety Permanawati.

Raffi ngaku, tumorojog dirina jeung kulawarga pikeun silih wanohkeun, antara kulawargana jeung kulawarga Dadang Supriatna.

"Simkuring ngabantun kulawarga, ngadukung Pak Bupati nu kinerjana luar biasa, kanggo neraskeun kapamingpinan anjeunna di Kabupaten Bandung," ceuk Raffi ka wartawan.

Papada urang Sunda, Raffi ngaku geus kawilang lila wanoh jeung Dadang Supriatna. Raffi ngaku remen paguneman jeung Dadang Supriatna, neuleuman ngeunaan gagasan-gagasan ieu bupati Bedas.

"Simkuring, minangka junior, hoyong diajar ku jiwa kapaminpinan anjeunna. Simkuring ogè ngabantun pun adi, Jeje nu kaleresan badè nyalonkeun diri janten Calon Bupati Bandung Barat. Jeje sina diajar politik ka Kang DS kanggo Pilkada Bandung Barat," ceuk Raffi.

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaku ngarasa bungah kasemahan ku Raffi.

"Tangtosna janten hiji ènèrgi tambahan nu kalintang luar biasa kanggo ngiring nyumangetan demi ngawujudna Kabupaten Bandung nu tambih Bedas," ceuk Dadang Supriatna.

Dina panglawungan,  Dadang Supriatna ngaku magunemkeun patali suksesi Pilkada Kabupaten Bandung 27 November 2024.

"Kang Raffi apan ditugaskeun ku Ketua Umum PAN kanggo nyamikeun persepsi utamina saparantos deklarasi PAN ngagabung ka Koalisi Bedas kanggo lèngkah-lèngkah dina raraga suksesi Pilkada 2024," ceuk Dadang Supriatna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah