Bupati Bandung Umajak ka Ulama Pikeun Ngawangun Paèkonomian Umat

- 21 Juni 2024, 18:39 WIB

 

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, umajak ka para ulama, ustadz, pimpinan Pondok Pesantren katut pingpinan Ormas Islam di Kabupaten Bandung sinergi dina tarèkah ngawangun karaharjaan masarakat Kabupaten Bandung.

Dadang Supriatna miharep kolaborasi antara pemerintah daerah jeung para tokoh agama aya sumbangsih positif teu ukur dina widang spiritual, tapi ogè karaharjaan sosial jeung paèkonomian masarakat Kabupaten Bandung.

"Antawis ulama sareng umaro teu tiasa dipisahkeun. Dina kasempetan ieu simkuring umajak kanggo sasarengan ngaevaluasi naon nu tos dilaksanakan tilu taun ieu. Naon nu kedah ku urang pidamel lima taun ka payun," ceuk Dadang Supriatna waktu kagiatan silaturahmi Bupati Bandung jeung para ulama jeung pingpinan ormas Islam sakabupaten Bandung di Rumah Dinas Bupati Bandung, Juma'ah, 21 Juni 2024.

Dadang Supriatna ogè umajak ka para ulama ngabantu pamarèntah daerah dina tarekah ngaberdayakeun èkonomi umat demi ngaronjatkeun karaharjaan masyarakat Kabupaten Bandung.

Minangka wujud kadariaanana, Bupati nawarkeun para ulama, ustadz, pimpinan pesantren tepi ka para ketua ormas Islam di Kabupaten Bandung ngamangpaatkeun kalawan hadè pirang-pirang program ngaberdayakeun ekonomi nu geus digulirkeun Pemkab Bandung.

Di antarana program imjeuman bagulir teu agunan jeung teu bungaan nu danget ayeuna geus jalan. Inyanan nyebut, pihakna ngocorkeun anggaran Rp 70 milyar nu bisa diakses masarakat demi ngaronjatkeun karaharjaan sakaligus solusi modal tibatan masarakat kajiret bank emok jeung pinjol.

"Simkuring umajak, di sagèdèngeun dawah, urang ogè berjoang kanggo ngaronjatkeun paèkojomian umat demi karaharjaan masarakat Kabupaten Bandung. Mangga manpaatkeum program-program nu tos lumsngsung," ceuk bupati.

Iwal kitu, Bupati Bandung nawarkeun program ngaberdayakeun ekonomi umat dina program nyiptakeun demplot bisnis peternakan jeung perikanan. Pikeun tahap awal dina taun ieu, Dadang Supriatna nyiapkeun program jang 100 pesantren.

"Program demplot  tos tiasa dikembangkeun di Cileunyi. Alhamdulillah sasasihna tiasa ngahasilkeun Rp 30 juta. Upami sadayana pesantren tiasa mandiri sareng tiasa ngaberdayakeun masarakat sanudeureun, insya Allah karaharjaan masarakat ogè bakal ngaronjat," ceuk Dadang.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah