Bupati Bandung Sholat Idul Adha di Masjid Al-Fathu, Qurban di Lembur jeung di Rumdin

- 17 Juni 2024, 20:07 WIB
 Solat Idul Adha di masjid komplek Pemda Kabupaten Bandung, Soreang (17/06/2024).
Solat Idul Adha di masjid komplek Pemda Kabupaten Bandung, Soreang (17/06/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Bupati Bandung, HM. Dadang Supriatna, jeung Bunda Bedas, Hj. Emma Dety Dadang Supriatna, sholat sunat Idul Adha di Masjid Al Fathu Komplek Pemkab Bandung Soreang, Senèn, 17 Juni 2024.

Ngawakilan Pamarèntah Kabupaten Bandung Dadang Supriatna ngawilijengkeun Idul Adha 1445 Hijriah jeung ibadah qurban.

Ceuk Dadang Supriatna, aya dua hal dina momentum poè Raya Idul Adha. "Nu kahiji salasahiji ritual  urang kudu enya-enya ngalaksanakeun parèntah Allah SWT. Kadua, minangka mahluk sosial urang kedah silih bantos sareng sasami jalmi," pokna.

Dadang Supriatna miharep ku silihbantu karaharjaan masarakat bisa ngaronjat. Inyana cumeluk ka sakum ASN di lingkungan Pemkab Bandung supaya bisa ngabantu jeung babagi ka sasama sangkan bisa ngèntèngkeun kabeungbeurat masarakat nu enya-enya butuh.

"Utamina simkuring ngadoakeun ka masarakat muslim Palestina nu danget ayeuna keur ngarandapan konflik. Mugia konflik saenggalna rerep sareng ku idin tur ridho Allah SWT mulihkeun deui kaayaan, tiasa tingtrim deui," ceuk Dadang Supriatna.

Dadang Supriatna mèrtèlakeun, dina  ibadah qurban para ASN di lingkungan Pemkab Bandung tèh, sabagèan aya nu dititipkeun ka Baznas Kabupaten Bandung. Ku Baznas didistribusikeun ka pasantren jeung nu lianna.

Dadang Supriatna ogè qurban sapi di Rumah Dinas (Rumdin) Bupati Bandung jeung di lemburna di Desa Tegalluar, Kecamatan Bojongsoang.

Ceuk Bupati Bandung, dina ibadah qurban loba atikan. "Dina momentum Idul Adha simkuring umajak ka masarakat jadi bagèan ti jalmi takwa. Mibanda pamahaman, komitmen sareng konsistensi nu luhur dina konteks kahirupan sosial," pokna.

Bupati Bedas tej ogè umajak ka masarakat sangkan tetep sumanget dina ngaronjatkeun pangwangunan  di Kabupaten Bandung.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah