Gumebyar Hari Bhayangkara ka-78: Polres Majalengka Masrahkeun Hadiah Rupa-rupa Lomba

- 1 Juli 2024, 14:00 WIB
Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.H., M.Si., CPHR masrahkeun piagem jeung duit  Rp1.500.000 ka Juara II lomba Konten Kreatif,  @polsekmajalengka.kota.
Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.H., M.Si., CPHR masrahkeun piagem jeung duit Rp1.500.000 ka Juara II lomba Konten Kreatif, @polsekmajalengka.kota. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Rengse Upacara Mieling Hari Bhayangkara ka-78 Taun 2024 kalayan ngarojong jejer “Polri Presisi Mendukung Percepatan Transformasi Ekonomi yang Inklusif dan Berkelanjutan Menuju Indonesia Emas” di Lapangan GGM Kabupaten Majalengka, Polres Majalengka ngagelar acara pangleler hadiah sababaraha lomba Senen (01/07/2024).

Lombana di antarana Konten Kreatif jeung Bola Voli. Lomba Konten Kreatif jadi salasahiji anu dianti-anti kalayan partisipasi nu antusias ti sababaraha kalangan. Dina ieu lomba, Juara I dicangking ku @nrzidniilman, Juara II ku @polsekmajalengka.kota, jeung Juara III ku @ayutaviaaa.

PJ. Bupati Majalengka, Dr. H. Dedi Supandi, M.Si., masrahkeun langsung piagem jeung duit sajumlah Rp2.500.000 ka Juara I, @nrzidniilman. Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.H., M.Si., CPHR masrahkeun piagem jeung duit Rp1.500.000 ka Juara II, @polsekmajalengka.kota.

Pikeun Juara III, @ayutaviaaa, hadiah mangrupa piagem jeung duit sajumlah Rp500.000 dipasrahkeun ku Kajari Majalengka Wawan Kustiawan S.H.

Salian Lomba Konten Kreatif, sababaraha lomba lianna saperti Bola Voli oge milu ngagumebyarkeun acara eta. Polres Majalengka masrahkeun layang pangajen ka sakumna nu juara keur ngapresiasi kana partisipasi jeung sumanget aranjeunna dina miluan runtuyan lomba anu dilaksanakeun.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, netelakeun kareueusna oge ngahatur nuhunkeun ka pamilon lomba nu geus aub dina ngareuah-reuah mieling Hari Bhayangkara ka-78.

"Sumanget babarengan jeung kreativitas nu ditingalikeun ku sakumna pamilon lomba kawilang nginspirasi. Pamugi ieu sumanget teras kajagi sarta janten motivasi kangge urang sadayana teras nembongkeun karya tur kontribusi positif kangge masarakat," ceuk Kapolres.

PJ. Bupati Majalengka, Dr. H. Dedi Supandi, M.Si., oge ngaapresiasi anu ka Polres Majalengka kana panyalagraan lomba-lomba. “(lomba) Sanes mung saukur ngaraketkeun tali silaturahmi, tapi oge ngarojong sumanget kompetisi nu sehat jeung kreatifitas di kalangan masarakat. Hatur nuhun ka Polres Majalengka kana inisiatif nu luar biasa," ceuk Pj Bupati Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah