Kajené Forest, Bisnis Anu Miduli kana Kaarifan Lokal

- 2 Juli 2024, 20:45 WIB
Tari Buyung, anu diciptakeun ku P. Djatikusumah midang, dina medal munggaran Kajene Forest, Salasa, 2 Juni 2024
Tari Buyung, anu diciptakeun ku P. Djatikusumah midang, dina medal munggaran Kajene Forest, Salasa, 2 Juni 2024 /Ajun Mahrudin/

GALURA-Sabada suksés ngadegkeun objék wisata Arunika, anu nawarkeun kaéndahan alam pagunungan di Palutungan, Désa Cisantana, Kecamatan Cigugur, Kabupatén Kuningan, saurang pangusaha di Kuningan, Rokhmat Ardiyan, kiwari ngadegkeun tempat kuliner anu ngaranna téh Kajené Forest.


Éta tempat Kulinér téh ilahar kawas anu diadegkeun di kota-kota gedé, ti antarana waé di Kajené Forest téh aya anu disebut Minara House, Minara Mart, jeung Minara Food Park. Bédana dina ngabangun tempat kulinér téh, Rokhmat Ardiyan miduli kana anu disebut kaarifan lokal Kuningan.

Teu rék kitu kumaha, nilik tina ngaran Kajené Forést, sanajan aya harib-harib basa deungeun, tapi ngawanohkeun ngaran daerah Kuningan baheula.

Enya, kapan Kajené téh ngaran hiji karajaan anu badag, kamashur, kaceluk ka awun-awun, karajaan anu beurat beunghar, saméméh ngadeg anu kiwari disebut Kabupatén Kuningan téa.

Kajené Forest henteu semet jadi tempat kuliner, da diwanohkeun minangka kawasan hutan kota anu munggaran diadegkeun ku pihak swasta.

Anu dijadikeun Hutan Kota Kajené Forest téh tukangeun bangunan tempat kulinér téa.  Duka teuing sabaraha legana, anu écés di sabudeureunna linduh liuh rajeg ku tatangkalan.

Sajaba kitu, cai hérang canémbrang, batu alam galituk mapaésan kaéndahan sabudeureun, sanajan perenahna di puseur kota, payus dijadikeun tempat niiskeun pikir.

“Diharepkeun tiasa masihan wawasan niléy-niléy budaya, sajarah, karifan lokal Kuningan. Kitu deui ngajaga ekosistem kawasan hutan kota di  Cigembang, janten  kawasan hutan kota,” ceuk Rokhmat Ardiyan.

Nurutkeun  Rokhmat, ngarumat alam téh penting. Manusa henteu bisa dipisahkeun tina alam  jeung budaya anu ngahiji dina ekosistem.

Ku sabab kitu Kajene Forest diharepkeun mampuh méré sumbangsih pikeun masarakat Kuningan.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah