Iwan Suwanda, S.Pd., MM, keur Sakola di SMP Kungsi Dianggap Teu Payus Jadi Guru

- 30 Juni 2024, 19:05 WIB
Iwan Suwanda.
Iwan Suwanda. /

 

GALURA.CO.ID -“Iwan mah teu payus jadi Guru,” ceuk salah saurang guruna mangsa sakola di SMP Santika, Bandung. Bane we, eta caritaan nu jadi guruna teu ieuh jadi leutik hate. Teu ieuh ngendoran harepan, karepna jaga hayang jadi guru. Dina diri Iwan, ngamalir teureuh guru ti nu jadi bapana, Bapa Anwar nu pamungkas mancen jabatan Penilik TK/SD di Kacamatan Lembang.

Iwan, pituin urang Lembang, gumelar di Kampung Cirateun 21 November 1970. “Nitenan hirup mangsa lawas, sok matak kelar, “ pokna. Ngagantung keneh dina ingetan Iwan, kumaha kaayaan lembur mangsa harita, jalan nu masih tarahal, taya jalan ngabulungbung kawas ayeuna. “Alam harita mah, tong boroning jalan gede, dalah jalan satapak keur laju motor ge can aya,” pokna.

Kaayeunakeun, Kampung Cirateun nu kaereh Desa Wangunsari teh, gegek ku paimahan, jalan bulistir di cor, patalimarga taya reuhreuhna.  Lembur teh jadi haneuteun. Mun keur usum macet jalur Bandung-Subang, lembur Cirateun sok jadi jalur alternatif jalan motong nuju ka Lembang atawa tujuan ka Bandung.

Blus, ka SPG Pasundan.  Ti dinya, neruskeun kuliah di Jurusan PKN, FKIP Unpas. Lain wae rengse kuliah. Di kampus eta pisan, Iwan tepung jeung Ai Suryani, batur kuliahna urang Soreang, nu ayeuna geus aya taunna dipihukum jeung geus ngagelarkeun dua turunan.

Behna mah, Iwan jeung nu jadi bojona cinta lokasi, kiwari sarua jadi guru, mancen bareng di SMA Pasundan 8, Kota Bandung. Ngan, geus aya sataunna, nu jadi bojona diangkat jadi Guru di SMA N 1 Soreang. Atuh, Iwan Suwanda, S.Pd., MM., ge ti 16 Januari 2023, dijungjung lungguh jadi Kepala SMA Pasundan 3 Kota Cimahi.

Tangtuna, cek Iwan, di SMA Pasundan 3 jeung 8, aya kaunggulan. Tah, kaunggulan jeung kahengkeran eta, ku Iwan diadumanikseun jadi bekel dirina munggaran mingpin sakola. Elmuning dirina salila 20 taun jadi guru, bari kaselir Wakasek Kurikulum jeung Wakasek Kasiswaan, dibekel ku dirina enggoning leuwih ngaronjatkeun ajen inajen pendidikan di SMA Pasundan 3 Kota Cimahi nu dirojong ku 53 guru jeung karyawan.

Iwan, nepakeun sawatara programna nu kabeneran, sakola nu dipupuhuanna ti baheula mula katotol sakola nu ngalahirkeun sajumlah atlit nasional. Ti SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, lahir ngaran Ronaldo Joybera, alumni 2023 nu kiwari jadi Pemain Sepakbola Indonesia di Klub TFF 1 Lig Bodrumspor Turki.

Anu sejenna jeung Shella Bernadetha, alumni 2017 nu kiwari jadi Pemain Bola Voli Putri Indonesia Tingkat  Nasional, kaselir jadi pemain nu nganteur Klub Bola Volly Jakarta Elektrik PLN ngaleler Juara Proliga taun 2017, Juara Proliga taun 2022 jeung taun 2023.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah