Kaulinan Urang Lembur, Ucang Angge

- 30 Juni 2024, 21:00 WIB
/


GALURA.CO.ID -Aya dua jenis kaulinan barudak jaman baréto, nu biasa diulinkeun di jero imah. Kaulinan nu kahiji, katelahna “Tingciripit.” Ieu kaulinan ajang barudak nu kakara asup sakola atawa TK, paling gedé kelas dua, tur diiluan, paling loba nepi ka lima urang barudak.

Carana kieu. Barudak, lalaki jeung awéwé narangtung ngariung ngawangun lingkaran. Salah saurang budak nu geus rada hideng, atawa nu geus kelas 2, kapilih minangka nu ngalulugan kaulinan. Lulugu téh, namprakeun salah sahiji tapak leungeunna, disodorkeun di hareupeun riungan.

Geus kitu opatan budak ngantelkeun curukna séwang-séwangan kana tapak leungeun Lulugu. Tutas opat curuk arantel dina tapak Si Lulugu, tuluy manéhna nembang. Kieu tembangna : “ Tingciripit tulang bajing kajepit!”

Tah, lebah tungtung tembang, nu unina, “kajepit !” tapak leungeun Si Lulugu, gasik dikeupeulkeun, ari curuk barudak nu opat kudu geuwat dicarentok, ngarah ulah karanggem ku ramo Si Lulugu. Kaulinan kawas kieu, sarua jeung latihan replek, antara pangdéngé jeung gerak leungeun.

Pikeun barudak nu alus replekna, nalika ngadangu, kecap, kajepit! gancang curukna ngelés tina ranggeuman tapak leungeun Si Lulugu. Tapi budak nu cileureun mah, sok gancang karanggeum ramo curukna.

Tah ukur kitu, kaulinan téh, basajan pisan. Tapi da ajang barudak leutik mah matak raresepeun, kuat ka cicirihilan, sieuneun curukna karanggeum ku ramo Si Lulugu.

Aya deui kaulinan nu disebut “Ucang Ucang Anggé.” Nu ieu mah, leuwih luyu disebut, kaulinan indung jeung anak, nyéta anakna nu masih leutik kénéh, misalna budak umur bubulanan.

Carana basajan pisan. Si Indung diuk dina korsi nu rada jangkung, ari dua sukuna dirapetkeun, tuluy Si Budak sina ngadaplok kana lebah bincurang suku Indungna nu dirapetkeun téa. Ngarah ulah tikoléséd, dua leungeun Si Budak téh dicekelan pageuh ku Indungna.

Geus karasa pageuh mah, tuluy dua suku Si Indung téh, diobahkeun, naék - turun, kawas jungkelit-jungkedang, bari jeung kitu Si Indung nembang : “Ucang ucang anggé, mulung muncang ka paranggé, digogog ku anjing gedé, anjing gedé nu mang lebé, ari gog.. gog…. cungungung.!.”

Lebah kecap “ ari gog ..gog,,,,cungungung !” suku Indung diangkat rada luhur nepi Si Budak nonggéng, atuh manéhna ngarasa suka, tuluy seuri ceuceuleukeuteukan. Kitu jeung kitu, nepi ka kaulinan lekasan, da Si Indung ngarasa cangkeuleun.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah