Pelajaran Bahasa Sunda, Kalimah Salancar

- 30 Juni 2024, 20:00 WIB
Buku pangajaran basa Sunda keur SD.
Buku pangajaran basa Sunda keur SD. /


GALURA CO.ID -Kalimah salancar téh mun dina basa Indonesia mah kalimah tunggal, nya éta kalimah nu ngabogaan hiji jejer jeung hiji caritaan boh dibarengan ku obyék, katerangan boh henteu.

Lamun éta kalimah salancar téh ngan ukur diwangun ku jejer jeung caritaan, biasana sok disebut kalimah salancar basajan. Sedengkeun lamun kalimah salancar téh teu ngan ukur jejer jeung caritaan tapi aya katerangan, boh ditambah obyék boh henteu, sok disebut kalimah salancar jembar.

1. Kuring diuk.
2. Manéhna téh guru anak kuring.
3. Barudak gelut
4. Maman dipacok oray welang.
5. Si Ikin keur siduru.
6. Manéhna téh rék datang minggu hareup.
7. Ayeuna hidep kudu indit gagancangan.
8. Kolot mah bébéakan keur kapentingan anak téh.
9. Cangkéngna lengkéh kawas papanting.
10. Hayam kongkorongok wanci janari di buruan Mang Idi.

Conto nomer (1) nepi ka nomer (5) kaasup kalimah salancar basajan, ari nomer (6) nepi ka nomer (10) conto kalimah salancar jembar.

Pék ayeuna rucat éta kalimah di luhur téh dumasar kana fungsina babagianana, mana jejerna, mana caritaanana, jeung mana katerangan, sarta obyékna.

Jadi kalimah nu boh jejer boh caritaanana ditambahan katerangan, tapi tetep kalimah salancar, disebutna kalimah salancar jembar.

1. a. Hayam kongkorongok.
b. Tadi subuh-subuh hayam kongkorongok mani teu eureun-eureun.
2. a. Maman lumpat.
b. Maman budak borangan, lumpat mani ngabecir.
3. a. Barudak keur lés.
b. Unggal poé Ahad barudak keur lés matématika.

Kalimah-kalimah bagian a di luhur disebutna kalimah salancar inti sabab ngan diwangun ku hiji jejer jeung hiji caritaan. Kalimah-kalimah bagian b kaasup kalimah salancar jembar, sabab boh jejer boh caritaan ditambahan atawa dijembaran ku rupa-rupa katerangan atawa obyék.

Pancén keur hidep, kalimah salancar inti di handap kudu dijieun kalimah salancar jembar. Prak pigawé!

1. Nani ceurik.
2. Anjing nyatu.
3. Atang ngagambar.
4. Panyakitna pilek.
5. Momobilan ruksak.

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah