Pelajaran Bahasa Sunda, Kalimah Transitif Intransitif, Kalimah Sampurna Teu Sampurna

- 30 Juni 2024, 19:37 WIB
Buku pelajaran basa Sunda.
Buku pelajaran basa Sunda. /

GALURA.CO.ID -Kalimah transitif nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap pagawéan transitif anu mikabutuh obyék. Upama teu maké obyék, bakal karasa kurang lengkep.
Conto :
1. Mang Sanu ngadahar (karasa éta kalimah téh merelukeun obyék sabab karasa teu acan lengkep, ngadahar naon?). Mang Sanu ngadahar nangka.
2. Pa Lurah meuli. (meuli naon?). Pa Lurah meuli imah.
3. Kuring lalajo televisi.
4. Barudak ngarala jambu.
5. Mang Minta maraban domba.

Kalimah intransitif nya éta kalimah pagawéan anu caritaanana teu merelukeun obyék atawa tujuan.
Conto:
1. Barudak keur arulin di buruan.
2. Bapa nembé sumping.
3. Manéhna ceurik.

Kalimah Sampurna Teu Sampurna

Kalimah sampurna ngawengku kalimah salancar (tunggal) jeung kalimah ngantét (majemuk). Contona :
1. Maman teu datang lantaran éraeun.
2. Nani gering ripuh, teu kaduga hudang-hudang acan.
3. Embé téh lintuh pisan.
4. Henteu maca buku manehna téh.

Tina conto di luhur katangen yén kalimah sampurna téh aya nu susunanana umum (normal) aya ogé nu susunanana inversi (tibalik) tingali nomer opat.
Ari nu dimaksud kalimah teu sampurna, nya éta kalimah nu diwangun ku kecap, frase, dibarung ku lentong di ahir. Contona :
5. Euleuh!
6. Mang Béca!
7. Iraha ti Sumedang téh?

Kalimah teu sampurna téh ngawengku : salam, judul, motto, kalimah telegram, kalimah paribasa, kalimah panyeluk, jsté.
Pék masing-masing conto teh téangan atawa jieun ku hidep!
Upamana conto salam : Wilujeng énjing!, Sareng hormat.
Judul :.....................................................
motto:.....................................................
telegram :...............................................
paribasa :...............................................
panggilan :.............................................

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah