Desa Marsel Margahayu Dipingpin Pj Anton Hartawan, Ngungkulan Pasualan Stunting jeung PSU

- 27 Juni 2024, 19:56 WIB
Penjabat Kepala Desa Margahayu Selatan (Marsel), Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, Anton Hartawan.
Penjabat Kepala Desa Margahayu Selatan (Marsel), Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, Anton Hartawan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Iwal ti pasualan dipasrahkeunana Prasarana Sarana Utilitas Umum (PSU) sajumlah paimahan, pasualan stunting ogè jadi perhatian Penjabat Kepala Desa Margahayu Selatan (Marsel), Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, Anton Hartawan.

Ceuk Anton, ti inyana narima SK jadi Penjabat (Pj) Kepala Desa Marsel, 22 Mei 2024, tur dilantik awal Juni 2024, pasualan PSU jadi puseur perhatianana.

Ngeunaan PSU di Desa Marsel, ceuk Anton ti Disperkimtan aya datana pikeun dilajuning laku. "Perumahanana seueur, aya 2 katagori . Aya pengembang sareng nu tos teu aya pangembangna. Ieu kedah dirèngsèkeun palimpahanana margi kakait hak wargana, " ceuk Anton di kantorna satutas acara pisah sambut Pj Kepala Desa Marsel, Kemis, 27 Juni 2024.

Pasualan stunting, ceuk Anton masih dina tahap ngadata pikeun dilajuning lakuna lantaran kasus stunting di Kecanatan Margahayu kawilang loba.

Anton jadi Pj Kepala Desa Marsel ngaganti Nanang Supriatna nu purna tugas. Nanang  ngajabat Pj satutas Kepala Desa Marsel H.Amin M Barkah ngundurkeun diri sabab milu jadi kontestan Pileg 2024 Kabupaten Bandung.

Lantarsn teu aya Pergantian Antar Waktu (PAW) Kepala Desa Marsel nya ceuk Anton, Desa Marsel dipingpin Pj salila 6 bulan tepi ka kapilih kepala desa definitif tina Pilkades serentak taun 2025 engkè.

"Janten Pj kepala desa tiasa ngajabat salami 6 sasih. Upami jalmina mah tiasa digentos. Salami 6 sasih aya evaluasi. Simkuring gaduh waktos 6 sasih janten Pj, tapi tiasa dievaluasi. Sateuacan 6 sasih tiasa waè digentos, " ceuk Anton.

Anton Hartawan nganuhunkeun ka Nanang Supriatna ku pangabdian jeung dedikasina salila ieu.

“Mugia simkuring tiasa ngalajengkeun ngawangun Desa Marsel, janten desa nu langkung maju, mandiri, sareng mibanda daya saing,” ceuk Anton.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah