Ngagancangkeun Ngurangan Stunting, TP PKK Kabupaten Bandung Ngabentuk TPK di Saban Tingkatan Wilayah

- 28 Mei 2024, 20:00 WIB
Ketua Tim Penggerak PKK Kabupaten Bandung, Hj. Emma Dety.
Ketua Tim Penggerak PKK Kabupaten Bandung, Hj. Emma Dety. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina raraga nguatkeun peran TP PKK pikeun partisipasi kana program Pembangunan Keluarga, Kependudukan dan Keluarga Berencana (Bangga Kencana) BKKBN jeung ngagancangkeun nurunkeun stunting, TP PKK Kabupaten Bandung ngabentuk Tim Pendamping Keluarga (TPK) di saban tingkatan wilayah, boh tingkat kabupaten, boh kecamatan, boh tingkat desa jeung kalurahan.

Kituna tèh ditepikeun ku Ketua TP PKK Kabupaten Bandung, Emma Dety Dadang Supriatna, waktu muka Rakerda Program Bangga Kencana Tingkat Kabupaten Bandung, di Grand Pasundan Bandung, Senèn, 27 Mei 2024.

"Tim Pendamping Keluarga  antarana ti bidan, Kader TP-PKK dina hal ieu Kelompok Dasa Wisma, jeung Kader KB Desa nu ngalaksanakeun pendampingan ku rundayan kagiatan," ceuk Emma.

Kagiatan nu dilakukeun TPK di saban tingkatan  di antarana ngawengku penyuluhan, nyadiakeun fasilitas pangladèn rujukan jeung fasilitas bantuan sosial.

"Iwal ti kitu ogè aya surveilans atanapi pangawasan kanggo ngadeteksi dini faktor resiko stunting. Kalayan sasaran pendampingan salasawiosna para calon pangantèn (catin) sareng calon pasangan usia subur (PUS), ibu hamil, ibu pascasalin sareng balita," ceuk Emma Dety.

Emma Dety nandeskeun, TPK sacara umum mibanda tugas ngalakukeun pendampingan ka kulawarga ku cara ngaidentifikasi faktor risiko stunting jeung ngalakukeun pangkayan komunikasi, informasi, edukasi, panglayan kasehatan jeung panglayan lianna keur nyinglar risiko stunting.

Najan kitu, Emma Dety ngaku TP PKK teu bisa gawè sosoranganan. Iwal ti mitra utama BKKBN, TP PKK ogè merlukeun kolaborasi jeung lintas organisasi perangkat daerah (OPD) jeung mitra gawè ti kalangan swasta nu bisa jadi Bapak Asuh Stunting dina ngalaksanakeun program intervensi kana sasaran pendampingan.

Sok komo, ceuk Emma Dety, Pemkab Bandung nargètkeun angka prevalensi stunting Kabupaten Bandung taun 2024 ngahontal 17,81% tina target nasional 14%, atawa turun ti taun 2023 nu angka prevalensi stuntingna ngahontal 22,33%.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah