Ngungkulan Stunting, Bupati Bandung  Meredih  18 Rèbu ASN Jadi Bapa  Indung  Kukut

- 27 November 2023, 09:28 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngintruksikan sangkan  ASN  di lingkungan Pemkab Bandung jadi bapa atawa indung kukut  ti budak stunting.
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngintruksikan sangkan ASN di lingkungan Pemkab Bandung jadi bapa atawa indung kukut ti budak stunting. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna ngintruksikan sangkan  para aparatur sipil negara (ASN) di lingkungan Pemkab Bandung jadi bapa atawa indung kukut  ti budak nu  katarang  stunting  jeung  nu kakandungan.

Kituna tèh ditètèlakeun Dadang Supriatna basa Sosialisasi Percepatan Penurunan Stunting di Pontren Sa'adatuddaroin, Kecamatan Solokanjeruk, Ahad 26 Nopember 2023.

Bupati lBandung meredih rukun gawè ti sakum  pihak, utamana  para kepala desa, patali data nu kacida   dibutuhkeun, kira-kira aya sababaraha hiji  titik lokus " by names by address" di saban  desa, patali  kaayaan budak  stunting  jeung  ibu hamil.

Baca Juga: DKPP Kabupaten Bandung Pinunjul 1 SPHP Award Tingkat Provinsi Jabar

"Kudu aya bapa angkat sareng  ibu angkat ti murangkalih  nu stunting sareng  ibu hamil.  Urang bagi,  jumlah ASN Kabupaten Bandung aya kana 18 rèbuna," ceuk Dadang Supriatna.

Ceuk Dadang, teu nutup kamungjkinan para kepala desa ogè baris diperedih pikeun jadi bapa angkat jang nurunkeun  stunting. Danget ayeuna, tarèkah nurunkeun stunting Kabupaten Bandung terus diilakukeun.

Salah sahijina  ku nambah anggaran   APBD 2024. Lamun anggaran  tina APBD teu cukup jang nurunkeun prevalensi stunting di Kabupaten Bandung,  ceuk Dadang Suprtiatna kudu aya jalan sèjèn.

“Upami tina APBD urang sesah  ketok palu sareng upamina teu cekap, simkuring nyuhunkeun kasadaran ka para ASN kanggo janten  bapa atanapi ibu angkat kanggo  masihan gizi. Tapi titik sasaranna jelas,”  ceuk Dadang Supriatna.

Bupati ngajelaskeun, jadi bapa angkat sapoèna diperlukeun biaya kana  Rp 21 rèbu salila 120 poè  jeung ibu hamil.  Sawatara jang  orok kakarèk  brol kana Rp16.500  saban  poèna salila 56 poè.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x