DKPP Kabupaten Bandung Pinunjul 1 SPHP Award Tingkat Provinsi Jabar

- 26 November 2023, 16:41 WIB
Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung, Ina Dewi Kania , ngawakilan Bupati Bandung Dadang Supriatna narima pangajèn ti Pj Gubetnur Jabar Bey Mahmudin di Sukabumi, Saptu (25/11/2023).
Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung, Ina Dewi Kania , ngawakilan Bupati Bandung Dadang Supriatna narima pangajèn ti Pj Gubetnur Jabar Bey Mahmudin di Sukabumi, Saptu (25/11/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Pamarentah Kabupaten Bandung, lebah dieu Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan (DKPP) dileler pinunjul 1 dina program Stabilisasi Pasokan dan Harga Pangan (SPHP) Award Tingkat Provinsi Jawa Barat di Kota Sukabumi, Saptu, 25 Nopember 2023.

SPHP Award nu ditarima Pemkab Bandung  kalawan 2 katagori, kahiji GPM (Gerakan Pangan Murah), jeung kadua, CPPD (Cadangan Pangan Pemerintah Daerah).

Ku ieu katagori  Pemkab Bandung geus nyayagikeun pangan murah bèas CPPD jenis premium. Bahan pangan sèjènna ogè disayagikeun: minyak goreng, protein hewani, lauk jeung sajabana.

Baca Juga: Siswa SD - SMP, 1200 urang, Aub kana Jambore Literasi Leksam Bedas Tingkat Kabupaten Bandung di Rancabali

Pemkab Bandung pangalusna dina Program SPHP Awards: dina ngongokolakeun cadangan pangan nu dilaksanakeun Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung dina sababaraha taun ieu.

Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung, Ina Dewi Kania,, ngawakilan Bupati Bandung Dadang Supriatn narima pangajèn bieu dina mièking Hari Pangan Sedunia ka-43 Tingkat Provinsi Jawa Barat di Kota Sukabumi.

"Alhamdulillah, Pamarèntah Kabupaten Bandung kasnugrahan pinunjul ka 1 dina SPHP Award Pemerintah Daerah Pengelolaan Cadangan Pangan Pemerintah Daerah (CPPD), " ceuk Ina.

Pangajèn  bukti nyata Pemkab Bandung bisa kacida alus dina ngagadalian harga pangan.

"CPPD Pemkab Bandung teu ukur komoditas bahan pangan pokok beas, tapi rupi-rupi sareng ngadukung program 'zero new stunting', tur ngadalian harga," ceuk Ina.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x