Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Tedi Supriadi:  ka  Badung Bali Lain rek Piknik, tapi  Studi Tirur

- 20 November 2023, 10:45 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Tedi Supriadi teu narima  mun aya nu nganggap DPRD Kabupaten Bandung mariangna ka Bali rek piknik.
Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Tedi Supriadi teu narima mun aya nu nganggap DPRD Kabupaten Bandung mariangna ka Bali rek piknik. /Sopandi/galura.co.id

GALURA. CO.ID -Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Tedi Supriadi, S.Pd.I ., M.Si  nyebutkeun, satutas  55 anggota  DPRD Kabupaten Bandung ngalaksanakeun  reses Masa Sidang I Taun 2023 (14-17 November 2023),   Senen, 20 November 2023 kunjungan kerja (kunker) studi tiru  ka sababaraha daerah.

Daerah di Bali anu dipake studi tiru henteu sarua, gumantung komisina. Tedi  Supriadi  jeung sabatur-batur di Komisi A mah studi tiru ka Badung Bali. "Maksad ka  Bali badè nyonto daerah-daerah  nu tos  sukses ngamotekarkeun potensi daerah, "  ceuk Tedi di Katapang, tilu poè ka tukang.

Tedi nyebutkeun  salassahiji  fungsi anggota dewan  tèh ngarumuskeun regulasi. Ngayakeun kunjungan ka daerah nu leuwih maju. "Badung, salah salasawios kabupaten di Bali nu tos maju  kumargi  sukses ngaguar  potensi,” pokna.

Baca Juga: Umurna geus meh Saabad, Teu Kungsi Kasab Sèjèn Abah Ahmad Solèh 50 Taun Dagang Gulali

Ceuk beja, sababaraha  kabupaten di Bali  disubsidi ku Kabupaten Badung. “Tah, Kunker  anggota DPRD Kabupaten Bandung ka ditu dina  raraga studi tiru kanggo dirarapkeun di Kabupaten  Bandung. Tangtos dina  sisi regulasina"  ceuk Tedi.

Mun seug aya anggapan kunjungan anggota dewan ka luar  tèh untuk  piknik atawa  keur suka bungah wungkul,  ceuk Tedi, eta teh teu bener. 

"Simkuring  teu resep  ngèndong  di hotel sareng  naèk pesawat terbang. Tapi kumargi  tugas, kedah dilakonan. Nya seuh-seuhanana mah  kanggo  kapentingan masyarajat ogè, " ceuk Tedi.*** 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x