Aya Patalèkan Warga nu Can Kajawab ku Legislator F PKB Ngeunaan BPJS Ketenagakerjaan Ketua RT RW

- 18 November 2023, 13:57 WIB
Legislator Fraksi PKB  Kabupaten Bandung H. Uya Mulyana.
Legislator Fraksi PKB Kabupaten Bandung H. Uya Mulyana. /galura.co.id/

GALURA.CO.ID -Legislator Fraksi PKB DPRD Kabupaten Bandung, Uya Mulyana ngaku, aya patalèkan ti warga nu can bisa kajawab patali BPJS Ketenagakerjaan para Ketua RT/RW.

Eta patalekan teh: kumaha satuluyna BPJS Ketenagakerjaan pikeun Ketua RT/RW nu diprogramkeun Bupati Bandung Dadang Supriatna mun seug Ketua RT/ RW geus eureun mancènna?

Ceuk Uya Mulyana, mun seug Ketua RT/RW nu anyar ngajabat tangtu meunang BPJS Ketenagakerjaan tina insentif  Ketua RT/RW. Ari Ketua RT/RW nu geus eureun kumaha.

Baca Juga: Anggota Fraksi PKS DPRD Kabupaten Bandung Tedi Surahman: Pemilu tèh Jang Parobahan

"Upami BPJS Ketenagakerjaanana teras jalan (keur ketua manten RT RW) hartosna anggaraan kanggo BPJS Ketenagakerjaan teras nambihan, " ceuk Uya.

Ieu tèh can bisa kajawab, ku Uya, tur perlu digunemkeun jeung Bupati Bandung. " Dina waktos nu moal lami simkiring badè nyawalakeun hal ieu sareng Pa Bupati, " cek Uya Mulyana dina hiji acara di Margaasih, Juma'ah 17 Nopember 2023.

Iwal ti èta, nu bakal jadi bahan peguneman  Uya jeung Bupati Bandung tèh patali injeuman teu bungaan. Ceuk Uya masih kènèh loba warga nu can kacumponan (nu merelukeun dana injeuman).***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah