Anggota Fraksi PKS DPRD Kabupaten Bandung Tedi Surahman: Pemilu tèh Jang Parobahan

- 18 November 2023, 07:07 WIB
Legislator Fraksi PKS DPRD Kabupaten Bandung, Tedi Surahman, nu Dina Pemilu 2024 ngandidat jadi caleg Provinsi Jawa Barat.
Legislator Fraksi PKS DPRD Kabupaten Bandung, Tedi Surahman, nu Dina Pemilu 2024 ngandidat jadi caleg Provinsi Jawa Barat. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Legislator Fraksi PKS DPRD Kabupaten Bandung Tedi Surahman meunteun Pemilihan Umum (Pemilu) tèh salasahiji sarana jang parubahan sangkan leuwih hadè.

"Upami urang ditaros, sadayana palay aya parobihan ka nu langkung saè. Sadayana tos pada uninga sareng ngaraoskeun pangaos bahan pokok undak. Tos arundak, barangna teu aya," ceuk Tedi dina hiji acara di Margaasih, Juma'ah 17 November 2023.

Ceuk Tedi, cara sangkan kabutuhan poko jeung harga lianna teu undak kudu aya parobahan. Carana parubahan hartina kedah dilakukeun tina kapamingpinan nagara.

Baca Juga: Legislator Fraksi PKS, Tedi Surahman: Reses Lawang Ajuan sabada Musrenbang

"Janten, sanès mung legislatif, dumèh simkuring anggota legislatif, tapi ku margi patali kapamingpinan negeri, janten presidenna oge (anu ngalakukeun parobahan). Insyaalloh, " pokna.

Ku kituna, ieu  anggota DPRD Kabupaten Bandung nu ogè caleg DPRD Propinsi Jawa Barat miharep sangkan masarakat cerdas menggunakan hak pilih dina Pemilu 14 Peberuari 2024 engkè.

"Gunakeun hak pilih sasaè-saéna, " pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x