Angklung ti Bihari Tepi ka Kiwari, 16 November Hari Angklung Sedunia

- 17 November 2023, 14:35 WIB
Angklung dogdog lojor ti Kasepuhan Adat Banten Kidul. Dipintonkeun di antarana dina ritual hajat bumi.*
Angklung dogdog lojor ti Kasepuhan Adat Banten Kidul. Dipintonkeun di antarana dina ritual hajat bumi.* /

GALURA.CO.ID -Ceuk salasaurang seniman nu ngagabung jeung Pengrajin Gamelan Padjadjaran (PGP) catetan ngeunaan angklung geus aya dina mangsa karajaan Padjadjaran, dina abad ka-12. Ceuk éta seniman, artéfak ngeunaan angklung aya kénéh: angklung di wewengkon Kanékés atawa Baduy.

Nu jadi ciri umur angklung geus kolot umurna adek pisan jeung ritual paré. Angklung di masarakat Baduy dipaké media panganteur upacara ngahurmat Nyi Pohaci, sangkan lahan tatanén di huma subur.

Sawirahma jeung PGP, seniman Herry Dim, nétélakeun angklung buhun Kanékés, diwangun ku salapan angklung: angklung Indung, Ringkung, Dongdong, Gunjung, Indung leutik, Éngklok, Trolok, jeung dua angklung roél. Sacara téknis ngaran-ngaran éta angklung, geus méré ciri ngeunaan larasna, atawa nadana, ogé sorana.

Baca Juga: Jaman Pajajaran, Angklung kungsi Dipake Musik Perang

Nada jeung sora angklung buhun leuwih nyindekel kana wangun perkusi, anu ngawirahma atawa mibanda ritmik, pikeun mirig réngkak ibing dina upacara mapag sri waktu nyalin atawa panén. Herry Dim nyebutkeun pemosisian alat musik diwangun sora, gedépatalina jeung peradaban kuno nu geus kolot pisan, jeung dianggap buhun.

Angklung buhun Kanekes

Angklung buhun Kanekes ngabuktikeun angklung geus aya jauh samemeh Karajaan Pajajaran. Jaman Pajajaran angklung dipake musik perang.
Angklung buhun Kanekes ngabuktikeun angklung geus aya jauh samemeh Karajaan Pajajaran. Jaman Pajajaran angklung dipake musik perang. kabarbanten/com

Mun dipatalikeun jeung nyukcruk sajarah angklung, ngeunaan angklung anu diropéa nadana ku Pa Daéng Sutigna gedé patali jeung angklung buhun Kanekes. Masih pakait jeung artéfak angklung, ceuk PGP angklung gubrag ti Jasinga Bogor umurna geus 400 taun, negeskeun angklung ti tatar Sunda geus kolot umurna.

Masih ngeunaan angklung buhun ceuk katerangan ti Yunus Sanusi angklung nu aya di daerah Sérang Banten umurna aya nu geus ratusan taun. Kitu deui angklung buhun dog-dog lojor nu aya di Kasepuhan Ciptagelar, umurna geus ratusan taun.

Patali jeung umur angklung anu geus aya ratusan taun di tatar Sunda, Irwan Nurwansyah nétélakeun mun nilik kana kasangtukang sajarah waditra anu dijieuna tina awi kaasup seni angklung, geus aya sawatara ratus taun ka tukang, ieu bisa disusud, bisa dicukcruk dina téks naskah Sunda kuno, salahsahijina dina naskah Kabuyutan Ciburuy.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah