Lomba Literasi SD, pikeun Ngaronjatkeun Numerasi Sakola di Kabupaten Bandung

- 18 November 2023, 15:00 WIB
Ketua Panitia Pelaksana Lomba Literasi Sekolah, Hildawati, M.AP
Ketua Panitia Pelaksana Lomba Literasi Sekolah, Hildawati, M.AP /galura.co.id/

GALURA.CO.ID -Lomba Literasi jenjang Sekolah Dasar (SD) digelar di SDN Soreang 1 Kabupaten Bandung, Saptu 18 November 2023.

Ieu kagiatan lumangsung hasil rukun gawè Dinas Pendidikan (Disdik) Kabupaten Bandung jeung Komunitas Literasi Leksam Bedas, nu dikukuhkeun Bupati Bandung, Dadang Supriatna, Juli 2021.

Mata lomba ditandingkeun: Puisi, Ki Leksam, Surat Cinta untuk Bupati, Tulisan Program Keberhasilan Bupati Bandung katut lomba Poster.

Ketua Panitia Pelaksana, Hildawati, M.AP nètelakeun, ieu lomba diiluan ku 31 kecamatan jenjang SD sakabupaten Bandhg.

Baca Juga: LKS SMK Nasional XXXI Surabaya, Siswa SMK  Jawa Barat Meunang Medali Emas

"Alhamdulillah pamilon ti 31 kecamatan jenjang SD sakabupaten Bandung aub kana Lomba Literasi,  sarumanget pisan, " ceuk Hildawati dina lolongkrang acara.

Acara nu dibuka ku Kasi Pengambangan Bidang SD Disdik Kabupaten Bandung, H. Amim Meratna Subhan, M. M. Pd., miharep lomba  bisa ngaronjatkeun mutu Literasi Numerasi keur siswa tur aya pangaruhna ka sakola.

Dipiharep ogè ceuk Amim, rapor mutu sakola ogè kawawangian ku program tina Kurikulum Merdeka nu danget ieu dilarapkeun di jenjang SD.

"Program literasi teh salasawios bagèan tina Kurikulum Merdeka,  tiasa nunjeul rapor mutu sakola," ceuk H Amim.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah