Bunga Desa Bupati Bandung di Cicalengka Direuah-reuah Pagelaran Wayang Golek Dadan Sunandar Sunarya

- 22 November 2023, 18:43 WIB
Bupati Bandung keur biantara Dina acara Bunga Desa di Nagrog, Cicalengka, 20 November 2023.
Bupati Bandung keur biantara Dina acara Bunga Desa di Nagrog, Cicalengka, 20 November 2023. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bunga Desa (Bupati Ngamumulè Desa) ka-27 di Desa Nagrog, Kecamatan Cicalengka, Kabupaten Bandung, direah-reuah pagelaran wayang golek dalang Dadan Sunandar Sunarya, Senèn, 20 Nopember 2023, peuting tepi ka janari.

Dina ieu acara, Bupati Bandung nganuhunkeun ka masarakat nu geus ngarojong saniskara program nu geus dilaksanakeun. Program  tarèkah ngawujudkeun masarakat Kabupaten Bandung Bedas (Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis dan Sejahtera).

Di hareupeun rèwuan warga nu nganti pagelaran wayang golek, Bupati Bandung nyosialisasikeun program unggulan. Di antarana insentif guru ngaji,  anggaranana Rp 109 milyar keur 17.000 guru ngaji jeung BPJS Kesehatan katut BPJS Ketenagakerjaanana.

Baca Juga: Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Tedi Supriadi:  ka  Badung Bali Lain rek Piknik, tapi  Studi Tirur

Sajaba insenfif guru ngaji, ogè  aya insentif keur ketua RT, ketua RW, perangkat desa, BPD, Linmas, kader PKK, sakaligus jeunh BPJS Kesehatanana. Dina taun 2024 engkè ceuk Dadang Supriatna rèbuan kader PKK baris meunang insentif.

Program lianna nu keur dijalankeun: ngomèan rumah tidak ayak huni (rutilahu), sataunna 7000 unit  nu geus dijalankeun ti taun 2022.

Iwal ti kitu aya program injeuman dana bergulir teu bungaan jeung  teu make jaminan, katut program Beasiswa ti Bupati (Besti) jang masarakat nu boga prestasi, sahenteuna apal sajuz Al-Qur'an.

Taun 2022, Besti geus dikaluarkeun keur 80 mahasiswa, 2023 jang 125 mahasiswa jeung taun 2024 jang 250 mahasiswa.

Dadang supriatna ngarojong warga nu can boga pagawèan pikeun ngamangpaatkeun program pelatihan di Dinas Ketenagakerjaan Kabupaten Bandung.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x