Siswa SD - SMP, 1200 urang, Aub kana Jambore Literasi Leksam Bedas Tingkat Kabupaten Bandung di Rancabali

- 23 November 2023, 07:52 WIB
Jambore Literasi Tingkat Kabupaten Bandung di Awana Resort Kecamatan Rancabali, Rebo, 22 November 2023.
Jambore Literasi Tingkat Kabupaten Bandung di Awana Resort Kecamatan Rancabali, Rebo, 22 November 2023. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Aya 1.200 siswa SD jeung SMP di lingkungan Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung aub kana Jambore Literasi Tingkat Kabupaten Bandung di Awana Resort Kecamatan Rancabali, Rebo, 22 November 2023.

Waktu muka acara, Bunda Literasi Kabupaten Bandung Hj. Emma Dety Dadang Supriatna nètèlakeun salasahiji faktor hasilna pangwangunan:  kualitas SDM.

Anu jadi dadasar lumangsungna atikan: kamampuan maca, nulis katut ngitung. "Ieu kamampuan sanès bawaan, tapi kudu diipuk, " pokna.

Baca Juga: Bunga Desa Bupati Bandung di Cicalengka Direuah-reuah Pagelaran Wayang Golek Dadan Sunandar Sunarya

Ceuk Emma tingkat karesep maca, nulis jeung ngitung kudu dipalirè babarèngan. "Pabukon jadi peranan nu kacida penting dina tarèkah ngaronjatkeun sumber daya manusia sareng karaharjaan masarakat ku panguatan budaya literasi," pokna.

Jambore Literasi Leksam Bedas numutkeun Emma , jadi kalang kolaborasi dina ngaronjatkeun literasi di Kabupaten Bandung.

"Simkuring miharep sarèngsèna ieu kagiataan mucunghul kaum literasi, nu teu ukur nu dewasa, tapi murangkalih-murangkalih aub manjing janten garda payun enggoning ngagerakeun literasi," ceuk Emma Dety.

Panitia Jambore Literasi Tingkat Kabupaten Bandung nu ogè Sekretaris Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung Hj. Euis Sumiati nètèlakeun nu jadi kasang tukang ieu kagiatan: literasi diprogramkeun ku komunitas Leksam Bedas.

Baca Juga: 10 Warga Desa Tugumulya Kuningan Karacunan, Saurang Tilar Dunya, Biangna Diduga Tina Supa

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah